Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | 1 KORINTA 10-13

Yéhuwa téh Satia

Yéhuwa téh Satia

10:13

Sakapeung, bisa waé Yéhuwa nyingkirkeun cocoba urang. Tapi, Mantenna leuwih sering masihan ”jalan kaluarna” ku cara nyadiakeun naon nu dibutuhkeun ku urang supaya tabah nyanghareupan cocoba.

  • Mantenna bisa nengtremkeun haté, pikiran, jeung parasaan urang ngagunakeun Firman-Na, roh suci-Na, sarta kadaharan rohani.​—Mat 24:45; Yoh 14:16; Rum 15:4

  • Mantenna bisa ngabingbing urang ngagunakeun roh suci-Na nu ngingetkeun urang kana ayat-ayat jeung prinsip-prinsip Alkitab supaya urang bisa nyieun putusan nu bijaksana.​—Yoh 14:26

  • Mantenna bisa ngagunakeun malaikat-Na pikeun nulungan urang.​—Ibr 1:14

  • Mantenna bisa ngagunakeun dulur-dulur saiman pikeun nulungan urang.​—Kol 4:11