Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang—Ngabantu Jalma ”nu Boga Sikep nu Bener” Supaya Jadi Murid

Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang—Ngabantu Jalma ”nu Boga Sikep nu Bener” Supaya Jadi Murid

KU NAON PENTING? Yéhuwa nyieun binih bebeneran tumuwuh dina haté jalma-jalma ”nu boga sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng”. (Ras 13:48, NW; 1Kor 3:7) Urang digawé bareng jeung Mantenna ku cara upaya sabisa-bisa néangan jalma-jalma nu daék ngalarapkeun pangajaran Alkitab. (1Kor 9:26) Palajar Alkitab kudu paham yén baptisan Kristen téh penting pisan pikeun kasalametan. (1Pet 3:21) Urang ngabantu maranéhna pikeun jadi murid ku cara ngajar maranéhna pikeun nyieun parobahan dina kahirupan, pikeun ngawawar jeung ngajar, sarta pikeun ngabaktikeun kahirupanana ka Yéhuwa.​—Mat 28:19, 20.

CARA NGALAKUKEUNANA:

  • Ingetkeun palajar Alkitab yén tujuan maranéhna diajar téh supaya ”terang ka” Yéhuwa jeung nyenangkeun Mantenna.​—Yoh 17:3

  • Bantu maranéhna nyieun kamajuan rohani ku cara nyingkirkeun hahalang, misalna kabiasaan goréng jeung pergaulan nu bahaya

  • Kuatkeun jeung gedékeun haté maranéhna saacan jeung sanggeus maranéhna dibaptis.​—Ras 14:22

TONGTON VIDÉO YEHUWA BAKAL NULUNGAN SADÉRÉK, TERUS BAHAS PANANYA-PANANYA IEU:

  • Naon waé nu nyababkeun saurang jalma sieun ngabakti jeung dibaptis?

  • Kumaha kokolot bisa ngabantu palajar Alkitab nyieun kamajuan rohani?

  • Tina Yesaya 41:10, urang diajar naon ngeunaan Yéhuwa?

  • Sikep naon nu dibutuhkeun ku urang sangkan bisa ngawula Yéhuwa sanajan teu sampurna?

Kumaha urang bisa digawé bareng jeung Yéhuwa dina ngajadikeun murid?