Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Gumbira Muji Yéhuwa ku Cara Ngawih

Gumbira Muji Yéhuwa ku Cara Ngawih

Waktu dipanjara, Paulus jeung Silas ngamulyakeun Yéhuwa ku ngawihkeun pupujian. (Ras 16:25) Sanggeus ngawih, maranéhna jadi leuwih teger. Kumaha jeung urang kiwari? Kawih Karajaan jeung kawih dina JW Broadcasting bisa nyumangetan sarta ngabantu urang tetep satia sanajan nyanghareupan cocoba. Utamana, kawih-kawih éta téh ngamulyakeun Yéhuwa. (Jab 28:7) Badan Pingpinan geus ngajurung urang pikeun ngapalkeun, sahenteuna sababaraha kawih. Naha Sadérék geus nyoba ngapalkeun kawih Karajaan? Dina ibadah kulawarga, Sadérék bisa ngapalkeun rumpakana jeung ngawih babarengan.

TONGTON VIDÉO BARUDAK NGAWIH MUJI YÉHUWA, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA IEU:

  • Naon mangpaatna ngawihkeun kawih Karajaan?

  • Naon waé nu digawékeun ku Departemén Audio/Vidéo pikeun nyieun rekaman kawih?

  • Kumaha barudak jeung kulawargana siap-siap pikeun rekaman?

  • Naon kawih Karajaan nu paling dipikaresep ku Sadérék, sarta naon alesanana?