Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | GALATA 4-6

Hiji ”Ibarat” jeung Hartina keur Urang

Hiji ”Ibarat” jeung Hartina keur Urang

4:24-31

Rasul Paulus ngagunakeun hiji ”ibarat” pikeun ngagambarkeun yén perjangjian anyar leuwih unggul ti batan perjangjian Hukum. Ku jalan Kristus jeung para ahli waris, kabéh manusa boga kasempetan pikeun bébas tina dosa, kateusampurnaan, kasedih, jeung maot.​—Yes 25:8, 9.

 

HAJAR—BADÉGA AWÉWÉ

Israil jasmani nu ngajalankeun perjangjian Hukum, ibukotana téh Yérusalém

ANAK-ANAK HAJAR

Urang Yahudi (nu jangji rék taat kana Hukum Musa) nganiaya jeung nolak Yésus

BADÉGA TINA PERJANGJIAN HUKUM

Hukum ngingetkeun bangsa Israil jasmani yén maranéhna téh diperbudak ku dosa

SARAH—AWÉWÉ NU MERDÉKA

Yérusalém sawarga, bagian tina organisasi Allah di sawarga

ANAK-ANAK SARAH

Kristus jeung 144.000 urang Kristen nu diistrénan

PERJANGJIAN ANYAR NU MAWA KAMERDÉKAAN

Boga iman kana korban tebusan Kristus nungtun kana kamerdékaan tina kutukan Hukum