Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang—Bantu Palajar Nyiapkeun Palajaran

Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang—Bantu Palajar Nyiapkeun Palajaran

KU NAON PENTING? Lamun palajar Alkitab geus nyiapkeun bahan palajaran, manéhna bisa leuwih ngarti jeung inget kana hal nu diajarkeun. Jadi, maranéhna bakal leuwih gancang nyieun kamajuan. Sanggeus dibaptis ogé, manéhna tetep perlu nyiapkeun bahan keur pasamoan jeung dines supaya bisa tetep ”taki-taki”. (Mat 25:13) Ku kituna, lamun palajar nyaho carana diajar jeung boga kabiasaan diajar, éta mangpaat keur kahirupan maranéhna. Ti ayeuna, urang sakuduna ngabantu palajar supaya boga kabiasaan pikeun nyiapkeun bahan palajaran Alkitab.

CARA NGALAKUKEUNANA:

  • Jadi tuladan. (Rum 2:21) Pikirkeun palajar waktu nyiapkeun bahan palajaran. (km-IN 11/15 3) Témbongkeun bacaan Sadérék nu geus dibéré tanda

  • Anjurkeun manéhna nyiapkeun bahan palajaran. Ti mimiti, béré nyaho yén nyiapkeun bahan palajaran téh bagian tina diajar Alkitab, sarta jelaskeun mangpaatna. Béré saran carana pikeun ngatur waktu supaya bisa nyiapkeun palajaran. Waktu keur palajaran Alkitab, sababaraha pawarta osok nginjeumkeun bukuna nu geus dibéré tanda supaya palajar bisa ningali mangpaatna. Puji lamun manéhna nyiapkeun bahan palajaran

  • Témbongkeun carana nyiapkeun palajaran. Sababaraha pawarta ngajarkeun carana nyiapkeun bahan palajaran dina palajaran Alkitab nu mimiti