Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | MATEUS 25

”Sing Taki-Taki”

”Sing Taki-Taki”

25:1-12

Misil Yésus ngeunaan sapuluh mojang téh mémang ditujukeun keur kaom kaistrén, tapi éta ogé cocog keur kabéh urang Kristen. (w15-IN 15/3 12-16) ”Sing taki-taki, sabab maraneh teu nyaho iraha piwaktueunana.” (Mat 25:13) Naha Sadérék bisa ngajelaskeun misil Yésus ieu?

  • Pangantén lalaki (ay. 1)—Yésus

  • Mojang caringcing nu geus siap (ay. 2)—Urang Kristen kaistrén nu siap ngajalankeun tugasna jeung nu saibarat béntang-béntang anu nyaangan langit nepi ka ahir dunya (Pil 2:15, 16)

  • Calukan ”Panganten datang!” (ay. 6)—Bukti kadatangan Yésus

  • Mojang barodo (ay. 8)—Kaom kaistrén nu rék manggihan Pangantén lalaki tapi teu sayaga jeung teu ngajaga kasatiaanana

  • Mojang caringcing embung ngabagi minyakna ka nu barodo (ay. 9)—Sanggeus disahkeun kasatiaanana pikeun nu pangahirna, kaom kaistrén nu satia geus teu bisa nulungan kaom kaistrén nu teu satia

  • ”Panganten datang” (ay. 10)—Yésus datang pikeun ngahakiman dina panungtungan mangsa cilaka

  • Pangantén diiring ku mojang-mojang anu caringcing ka tempat pésta, panto tuluy dikonci (ay. 10)—Yésus ngumpulkeun kaom kaistrén nu satia ka sawarga, tapi nu teu satia geus teu boga kasempetan pikeun ka sawarga