Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Conto Surat

Conto Surat
  • Tulis alamat Sadérék supaya aya alamat pikeun ngabales suratna. Lamun ngarasa teu bijaksana, Sadérék bisa ngagunakeun alamat Balé Karajaan lamun geus diidinan ku kokolot. Tapi, ULAH PERNAH ngagunakeun alamat kantor cabang pikeun alamat surat balesan.

  • Lamun Sadérék nyaho, sebutkeun ngaran nu narima surat supaya teu disangka surat iklan.

  • Perhatikeun aksara, tata basa, jeung tanda baca. Sing rapih, nulisna ulah acak-acakan. Lamun ditulis sorangan, tulisanana kudu gampang dibaca. Ulah ngagunakeun kekecapan nu resmi teuing atawa siga ngobrol teuing.

Kira-kira, kieu conto suratna. Sadérék teu kudu niron unggal kekecapanana. Sadérék bisa nyaluyukeun eusina gumantung kana tujuan suratna, sarta kaayaan jeung kabiasaan di daérah Sadérék.