Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang—Nulis Surat Nu Alus

Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang—Nulis Surat Nu Alus

KU NAON PENTING? Surat 1 Korinta téh hiji ti 14 surat nu ditulis ku Rasul Paulus pikeun nguatkeun dulur-dulur saiman. Waktu nulis surat, urang boga waktu pikeun milih kecap-kecapna sing taliti sabab éta surat bisa waé dibaca sababaraha kali ku nu narimana. Nulis surat téh mangrupa cara nu alus pikeun méré kasaksian ka baraya jeung babaturan. Ieu ogé cara nu alus pikeun méré kasaksian ka jalma nu teu bisa diajak ngobrol langsung, misalna jalma nu nunjukkeun minat tapi sok teu aya di imah. Bisa jadi, di daérah dines urang aya jalma nu hésé dipanggihan sabab tinggal di apartemén atawa komplék-komplék nu dijaga pisan, atawa tempat-tempat nu hésé didatangan. Naon nu kudu diinget ku urang waktu nulis surat ka batur, utamana ka jalma nu can dikenal?

CARA NGALAKUKEUNANA:

  • Tuliskeun naon nu bakal diomongkeun ku Sadérék lamun panggih langsung jeung éta jalma. Mimitina kenalkeun heula diri Sadérék, tuluy jelaskeun ku naon Sadérék nulis surat. Dina surat, Sadérék bisa méré pananya nu ngageuing rasa panasaran manéhna, terus jurung manéhna muka situs Internét urang. Béré nyaho ngeunaan program palajaran Alkitab di imah jeung sebutkeun sababaraha jejer pasal tina salah sahiji publikasi palajaran. Sadérék ogé bisa ngasupkeun kartu JW, ondangan, atawa risalah dina amplop

  • Sing singget. Suratna ulah panjang teuing, bisi nu macana capéeun.​—Tingali conto suratna

  • Pariksa deui lamun aya nu salah tulis. Pastikeun suratna rapih jeung gampang dibaca, kekecapanana soméah, bijaksana, jeung positif. Parangkona ulah kurang