Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Gunakeun Vidéo pikeun Ngajarkeun Alkitab

Gunakeun Vidéo pikeun Ngajarkeun Alkitab

Batur bakal leuwih kataji, leuwih paham, jeung leuwih inget kana pangajaran Alkitab lamun urang maké alat bantu visual, saperti gambar atawa vidéo. Cara ieu digunakeun ku Yéhuwa pikeun méré palajaran penting. (Kaj 15:5; Yer 18:1-6) Yésus sang Guru Agung ogé maké cara ieu. (Mat 18:2-6; 22:19-21) Salah sahiji alat bantu ngajar nu geus kabukti mangpaat pisan dina sababaraha taun ieu nyaéta vidéo. Naha Sadérék ngamangpaatkeun vidéo waktu ngajarkeun Alkitab?

Aya 10 vidéo nu bisa ngabantu urang ngajarkeun palajaran tina brosur Kabar Gumbira ti Gusti! Biasana, jejer unggal vidéo téh luyu jeung salah sahiji pananya nu dicitak kandel dina éta brosur. Dina brosur éléktronikna di jw.org, aya link nu ngabantu urang inget iraha kudu nyetél vidéo-vidéo éta. Salian ti éta, aya vidéo-vidéo séjénna pikeun ngadukung publikasi palajaran nu aya di bagian Alat Bantu Pengajaran.

Naha aya topik nu hésé dipikaharti ku palajar Alkitab? Atawa naha palajar Alkitab Sadérék keur nyanghareupan tangtangan? Pék téangan vidéo-vidéo di jw.org® atawa JW Broadcasting® nu bisa ngabantu manéhna. Sadérék jeung manéhna bisa nongton jeung ngabahas vidéona babarengan.

Unggal bulan, sok aya vidéo-vidéo anyar. Bari nongton vidéona, pikirkeun kumaha Sadérék bisa ngagunakeunana waktu ngajar batur.