Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang—Ngawawar ka Tunanétra

Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang—Ngawawar ka Tunanétra

KU NAON PENTING: Loba jalma tunanétra ngarasa éra lamun ngobrol jeung jalma nu can dikenal. Ku kituna, dibutuhkeun katarampilan pikeun méré kasaksian ka maranéhna. Yéhuwa nyaah jeung perhatian ka jalma tunanétra. (Ima 19:14) Urang bisa nyonto tuladan Yéhuwa ku cara ngabantu jalma nu tunanétra diajar ngeunaan Mantenna.

CARANA:

  • Téangan” maranéhna. (Mat 10:11) Naha aya kenalan Sadérék nu anggota kulawargana téh tunanétra? Naha di daérah Sadérék aya sakola, panti tunanétra atawa fasilitas séjénna nu resep narima publikasi nu dirancang husus keur jalma tunanétra?

  • Témbongkeun minat. Lamun Sadérék soméah jeung nunjukkeun perhatian ka maranéhna, maranéhna moal sieun ka Sadérék. Mimitian obrolan ngagunakeun topik nu dipikaresep ku maranéhna

  • Bantu maranéhna diajar ngeunaan Yéhuwa. Pikeun ngabantu jalma-jalma nu tunanétra atawa nu hésé ningali, organisasi geus nyadiakeun bacaan dina rupa-rupa format. Tanyakeun ka maranéhna rék maké alat bantu naon diajarna. Pangawas dines kudu mastikeun yén hamba léktur mesen bacaan dina format nu dipilih ku saurang tunanétra