Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Saha nu Rék Diondang?

Saha nu Rék Diondang?

Unggal taun, urang nyieun upaya husus pikeun ngondang jalma-jalma di daérah urang ka acara Pangéling-ngéling. Lolobana mah lain kenalan urang. Tapi, urang gé kudu ngondang jalma nu dikenal ku urang. Jalma nu diondang ku nu kenal biasana leuwih daék datang. (yb08-IN 11 ¶3; 14 ¶1) Saha waé nu bisa diondang ku Sadérék?

  • Baraya

  • Batur gawé atawa batur sakola

  • Tatangga

  • Jalma nu osok didatangan ku urang, palajar Alkitab, jeung jalma nu pernah diajar Alkitab

Salian ti éta, para kokolot ogé bisa bakal ngondang jalma-jalma nu teu aktif. Kumaha lamun kenalan Sadérék cicingna di daérah sidang séjén? Sadérék bisa néangan waktu jeung tempat diayakeunana Pangéling-ngéling di daérah manéhna tina situs Internét urang. Buka bagian NGEUNAAN URANG dina jw.org, klik bagian ”Pangéling-ngéling”. Bari nyiapkeun diri pikeun Pangéling-ngéling taun ieu, pikirkeun ogé saha nu rék diondang ku Sadérék, tuluy ondang maranéhna.