Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Pétrus jeung Yohanes keur nyiapkeun rohangan di loténg pikeun Paska dina taun 33 M.

KAHIRUPAN KRISTEN

Na Sadérék Nyiapkeun Diri pikeun Acara Pangéling-ngéling?

Na Sadérék Nyiapkeun Diri pikeun Acara Pangéling-ngéling?

Yésus apal sakeudeung deui anjeunna téréh maot, jadi keur Yésus acara Paska nu pangpandeurina ieu téh penting pisan. Yésus hayang ngadahar jamuan Paska jeung para rasulna. Anjeunna gé hayang ngenalkeun parayaan anyar nu bakal dirayakeun sataun sakali, nyaéta Jamuan Wengi Jungjunan. Jadi, anjeunna nitah Pétrus jeung Yohanes pikeun nyiapkeun rohanganana. (Luk 22:7-13; tingali gambar dina kaca hareup.) Ieu téh ngingetkeun urang pentingna nyieun persiapan keur acara Pangéling-ngéling dina 27 Maret. Sidang-sidang perlu nangtukeun saha nu bakal hutbah, nyiapkeun lambang-lambangna, jeung nu séjénna. Tapi, naon nu kudu disiapkeun urang masing-masing keur acara Pangéling-ngéling?

Siapkeun haté Sadérék. Baca jeung lenyepan jadwal maca Alkitab pikeun Pangéling-ngéling. Jadwalna aya dina buku Ngulik Kitab Suci Unggal Poé. Apéndiks B12 dina Terjemahan Dunia Baru ogé ngamuat jadwal maca Alkitab nu leuwih lengkep. (Tingali ogé Jurnal Pasamoan Kagiatan jeung Kahirupan bulan April 2020.) Dina ibadah kulawarga, kulawarga ogé bisa ngagunakeun Indeks Publikasi Menara Pengawal atawa Panduan Riset untuk Saksi-Saksi Yehuwa pikeun ngabahas pentingna tebusan.

Ondang batur pikeun hadir ka acarana. Sing getol ngabagikeun ondangan pangéling-ngéling. Pikirkeun saha nu bisa diondang. Misalna, jalma nu minat, nu pernah diajar Alkitab, babaturan, jeung baraya. Para kokolot ogé kudu ngondang jalma-jalma nu teu aktif. Lamun jalma nu Sadérék ondang cicingna lain di daérah Sadérék, Sadérék bisa néangan acara Pangéling-ngéling nu deukeut jeung daérah manéhna. Sadérék bisa muka jw.org, di bagian luhur pilih NGEUNAAN URANG, terus pilih ”Pangéling-ngéling”.

Naon deui nu bisa dilakukeun urang pikeun nyiapkeun diri keur acara Pangéling-ngéling?