Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

UPAYAKEUN DIRI DINA DINES | LEUWIH BUNGAH DINA PALAYANAN

Leuwih Bungah dina Palayanan—Gunakeun Pananya

Leuwih Bungah dina Palayanan—Gunakeun Pananya

Yéhuwa téh ”Allah nu bagja”. (1Tim 1:11) Mantenna hayang urang bagja ogé dina palayanan. Lamun urang ningkatkeun katarampilan dines, urang bakal leuwih bungah dina palayanan. Ku cara nanya urang bisa ngamimitian obrolan, ngageuing minat batur, jeung nyieun batur mikir ngeunaan hiji hal. (Mat 22:41-45) Lamun urang nanya jeung ngadéngékeun jawabanana, batur ngarasa dianggap penting. (Yak 1:19) Jawabanana bisa ngabantu urang nyaho naon nu kudu diomongkeun saterusna.

TONGTON VIDÉO DRAMA SING BUNGAH DINA DINES—NINGKATKEUN KAMAMPUH—GUNAKEUN PANANYA, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:

  • Jasmin boga sipat alus naon?

  • Kumaha Nita ngagunakeun pananya keur némbongkeun minat ka Jasmin?

  • Kumaha Nita ngagunakeun pananya keur ngageuing minat Jasmin kana warta hadé?

  • Kumaha Nita ngagunakeun pananya pikeun ngabantu Jasmin mikir?