Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Sing Bijaksana dina Milih Babaturan

Sing Bijaksana dina Milih Babaturan

Naon nu kaalaman ku urang Israil di padataran Moab téh jadi paringetan keur urang Kristen ayeuna. (1Kor 10:6, 8, 11) Urang Israil gaul jeung awéwé-awéwé Moab nu rucah jeung nyembah brahala. Hasilna, urang Israil pipilueun ngalakukeun dosa nu sérius. Ahirna, éta bangsa meunang bencana. (Bil 25:9) Ayeuna, urang dikurilingan ku batur gawé, batur sakola, tatangga, dulur-dulur, jeung jalma-jalma séjénna nu teu nyembah Yéhuwa. Urang bisa diajar naon ti kisah Alkitab ieu ngeunaan bahayana gaul jeung jalma-jalma nu teu nyembah Yéhuwa?

TONGTON VIDÉO CONTOH PERINGATAN BAGI ZAMAN KITA—CUPLIKAN, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:

  • Zimri jeung nu séjénna mangaruhan Yamin ku pamikiran salah naon?

  • Kumaha Pinéhas ngabantu Yamin supaya bijaksana dina ningali masalahna?

  • Naon bédana bageur ka batur jeung hayang jadi babaturanna?

  • Sanajan di sidang, ku naon urang kudu ati-ati milih sobat?

  • Ku naon urang sakuduna teu chattingan jeung jalma-jalma nu teu dikenal di média sosial?