Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Tetep Siap Salila Panungtungan ”Ahir Jaman”

Tetep Siap Salila Panungtungan ”Ahir Jaman”

Dina panungtungan ahir jaman, urang ngarasakeun aya beuki loba kasangsaraan. (2Tim 3:1; catetan nwtsty-IN pikeun Mat 24:8) Waktu aya musibat, umat Yéhuwa narima pituduh nu pas dina waktuna jeung bisa nyalametkeun kahirupan. Kasalametan urang engké gumantung kana kataatan urang dina nyiapkeun diri jeung karohanian urang ayeuna.​—Luk 16:10.

  • Siap sacara rohani: Urang kudu boga rutin rohani nu alus. Pék diajar rupa-rupa cara dines. Lamun kapisah jeung sadérék-sadérék séjénna, ulah sieun. (Yes 30:15) Sing inget, Yéhuwa jeung Yésus moal ninggalkeun Sadérék.​—od-IN 176 ¶15-17

  • Siap keur kaayaan darurat: Urang kudu nyiapkeun tas bencana. Tapi unggal kulawarga ogé kudu boga sasadiaan kadaharan nu awét, cai nginum, obat-obatan, jeung barang séjénna pikeun nyumponan kabutuhan keur sababaraha waktu.​—Sil 22:3; g17.5-IN 46

TONGTON VIDÉO NAHA SADÉRÉK GEUS SIAP LAMUN AYA MUSIBAT ALAM? TULUY BAHAS:

  • Kumaha urang bisa siap sacara rohani saacan aya musibat?

  • Ku naon urang kudu . . .

    • ngajaga komunikasi nu alus jeung kokolot?

    • nyiapkeun kotak P3K?

    • ngabahas jinis-jinis musibat nu bisa kajadian di daérah urang jeung cara nyanghareupanana?

  • Naon tilu cara keur nulungan batur nu keuna musibat alam?

PÉK PIKIRKEUN, ’Naon mangpaatna geus nyiapkeun diri saacan pandémi virus COVID-19?’