Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Bijaksana Waktu Nginum Alkohol

Bijaksana Waktu Nginum Alkohol

Salaku urang Kristen, urang kudu bisa ngadalikeun diri waktu nginum alkohol. (Sil 23:​20, 29-​35; 1Kor 6:​9, 10, NW) Lamun hayang nginum gé, urang bakal nginum sacukupna. Urang embung nepi ka kacanduan tuluy nyieun batur titajong. (1Kor 10:​23, 24; 1Tim 5:​23) Tangtu, urang gé moal maksa batur ­miluan nginum, utamana ka budak ngora.

TONGTON VIDÉO ANIMASI PAPAN TULIS PIKIR HEULA SAACAN NGINUM ALKOHOL, TULUY BAHAS:

  • Ku naon urang Kristen kudu nurut ka hukum pamaréntah ngeunaan nginum alkohol?​—Rum 13:​1-4

  • Lamun dipaksa batur nginum alkohol, ku naon urang ulah kagoda?​—Rum 6:​16

  • Kumaha cara nyingkahan kaayaan nu bisa ngagoda urang pikeun nginum alkohol?