Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

UPAYAKEUN DIRI DINA DINES | LEUWIH BUNGAH DINA PALAYANAN

Sumanget dina Ngajar

Sumanget dina Ngajar

Sumanget téh bisa mangaruhan batur. Lamun urang sumanget, batur bakal ngadéngékeun omongan urang. Éta ogé nunjukkeun yén urang ngahargaan warta nu urang tepikeun. Urang bisa jadi leuwih sumanget dina ngajar, teu sual kasang tukang jeung kapribadian urang. (Rum 12:11) Kumaha carana?

Kahiji, pikirkeun sakumaha penting warta nu rék ditepikeun. Nguarkeun ”warta anu pikabungaheun” téh hak istiméwa! (Rum 10:15) Kadua, pikirkeun mangpaatna warta hadé keur nu ngadéngékeun urang. Warta éta téh penting keur maranéhna. (Rum 10:​13, 14) Katilu, sing sumanget nepikeun wartana. Éta bakal katingali tina gerak awak nu wajar. Parasaan urang gé kudu katémbong tina raray.

TONGTON VIDÉO SING BUNGAH DINA DINES—NINGKATKEUN KAMAMPUH​—⁠SUMANGET DINA NGAJAR, TULUY BAHAS:

  • Ku naon Nita jadi teu sumanget deui ngajar Jasmin?

  • Naon nu ngabantu Nita jadi sumanget deui?

  • Mun urang sumanget, batur ogé jadi miluan sumanget

    Ku naon urang kudu mikirkeun sipat-sipat hadé ti nu ­ngadéngékeun urang?

  • Lamun urang sumanget, naon pangaruhna ka nu diajar Alkitab jeung batur?