Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | 2 YOHANES 1-13; 3 YOHANES 1-14YUDAS 1-25

Urang Kudu Upaya Sakuat-Kuatna Sangkan Teu Ninggalkeun Bebeneran

Urang Kudu Upaya Sakuat-Kuatna Sangkan Teu Ninggalkeun Bebeneran

Yudas 3

Yésus méré naséhat supaya urang ”sateka-teka asup liwat panto anu kacida sempitna”. (Luk 13:24) Kekecapan Yésus nunjukkeun yén urang kudu bajoang, upaya sakuat-kuatna sangkan dipikaresep ku Allah. Yudas, adi téré Yésus, diilhamkeun pikeun nulis naséhat nu méh sarua, nyaéta urang kudu bajoang demi ngabéla ”kayakinan iman”. Urang kudu upaya pikeun:

  • Nolak hal-hal nu rucah.​—Yud 6, 7

  • Hormat ka jalma-jalma nu boga wewenang di sidang.​—Yud 8, 9

  • Nguatkeun kayakinan urang kana ”iman anu pangsuci-sucina”, nyaéta pangajaran Kristen.​—Yud 20, 21