Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Yéhuwa Apal kana Pangabutuh Urang

Yéhuwa Apal kana Pangabutuh Urang

Gandék nu satia jeung bijaksana téh dibingbing ku Yéhuwa pikeun méré dahareun rohani ka urang ”saban-saban geus waktuna”. Ieu nunjukkeun yén Yéhuwa apal kana pangabutuh rohani urang. (Mat 24:45) Naon buktina? Ieu katémbong pisan tina kongrés-kongrés régional jeung pasamoan tengah minggu.

TONGTON VIDÉO LAPORAN PANITIA PENGAJARAN 2017, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:

  • Saha nu sakuduna dimulyakeun ku ayana kongrés-kongrés dina waktu nu cocog, sarta ku naon?

  • Iraha persiapan kongrés dimimitian?

  • Kumaha téma-téma kongrés dipilih?

  • Naon waé nu kudu dilakukeun pikeun nyiapkeun kongrés?

  • Naon waé cara tina sakola Gilead nu dipaké ogé pikeun nyiapkeun bahan pasamoan tengah minggu?

  • Naon waé nu dilakukeun ku sababaraha departemén pikeun nyiapkeun bahan pasamoan tengah minggu?

Kumaha parasaan Sadérék kana kabéh sasadiaan rohani ti Yéhuwa pikeun nguatkeun iman urang?