Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Ciri Urang Kristen Sajati téh Kanyaah—Ulah Mentingkeun Diri jeung Gancang Ambek

Ciri Urang Kristen Sajati téh Kanyaah—Ulah Mentingkeun Diri jeung Gancang Ambek

KU NAON PENTING? Yésus ngajarkeun yén kanyaah bakal jadi ciri murid-muridna. (Yoh 13:34, 35) Pikeun némbongkeun kanyaah saperti Kristus, urang kudu merhatikeun kapentingan batur sarta henteu gancang ambek.​—1Kor 13:5.

CARA NGALAKUKEUNANA:

  • Waktu aya nu ngomong atawa ngalakukeun hal nu nganyenyeri haté urang, ulah buru-buru némbalan, tapi pikirkeun heula ku naon manéhna bisa kitu sarta naon balukar tina tindakan urang engkéna.​—Sil 19:11

  • Inget yén urang kabéh teu sampurna, jadi lumrah lamun sakapeung urang ngomong atawa nyieun tindakan nu matak kaduhung

  • Geura réngsékeun masalahna

TONGTON VIDÉO ”SING SILIH PIKANYAAH”—ULAH MENTINGKEUN DIRI JEUNG GANCANG AMBEK, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA IEU:

  • Naon nu némbongkeun yén Larry buru-buru teuing némbalan Tom?

  • Lantaran teu buru-buru némbalan, kumaha Tom bisa nyingkahan masalah?

  • Kumaha jawaban Tom nu lemah lembut bisa nyieun kaayaan jadi leuwih tenang?

Naon mangpaatna keur sidang lamun urang teu gancang ambek?