Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | RUM 4-6

”Allah mah Geus Nembongkeun Asih-Na ka Urang”

”Allah mah Geus Nembongkeun Asih-Na ka Urang”

5:8, 18, 21

Kurnia tebusan ti Yéhuwa téh penting pisan pikeun mulihkeun nami Yéhuwa, pikeun ngabuktikeun Mantenna boga hak maréntah, sarta pikeun ngabuktikeun yén cara Allah maréntah téh nu panghadéna. Urang gé jadi bisa dianggap bener dina pandangan Yéhuwa. Salian ti éta, kabéh nu taat ka Allah jadi bisa hirup langgeng.

Kumaha urang bisa nunjukkeun panghargaan kana kurnia tebusan?

  • Ku ngabaktikeun diri jeung dibaptis, urang nunjukkeun yén urang boga iman kana tebusan jeung hayang jadi umat Yéhuwa

  • Ku nguarkeun warta hadé ngeunaan Karajaan Allah, urang nyonto Allah Yéhuwa nu nyaah ka sagala jalma.​—Mat 22:39; Yoh 3:16

Ku cara naon deui abdi bisa nunjukkeun panghargaan ka Yéhuwa nu geus méré kurnia tebusan?