Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Sing Terus Ngarep-Ngarep bari Tabah Ngadagoan

Sing Terus Ngarep-Ngarep bari Tabah Ngadagoan

Geus sabaraha lila Sadérék ngadagoan Karajaan Allah datang? Naha Sadérék geus tabah ngadagoan sanajan loba kasusah? (Rum 8:25) Sababaraha urang Kristen dipikangéwa ku batur, dikaniaya, dipanjara, malah aya nu diancam rék dipaéhan. Aya loba ogé nu nyanghareupan panyakit nu parah atawa beuki ngolotan.

Naon nu bisa ngabantu urang terus ngarep-ngarep sanajan loba tangtangan? Urang kudu ngalatih iman urang sangkan tetep kuat ku cara maca Alkitab jeung ngalenyepanana. Urang kudu nyekel pageuh harepan urang. (2Kor 4:16-18; Ibr 12:2) Urang kudu rendah haté ngadoa ka Yéhuwa sarta ménta kakuatan ti roh suci-Na. (Luk 11:10, 13; Ibr 5:7) Sabagé Bapa nu welas asih, tangtu Mantenna bisa ngabantu urang ”sabar tawekal nandangan sagala cocoba, dibarengan ku kabungah”.​—Kol 1:11-12.

TONGTON VIDÉO URANG KUDU TABAH—SING YAKIN BAKAL MEUNANGKEUN HADIAH, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:

  • Naon ”kajadian nu teu disangka-sangka” nu bisa muncul dina hirup urang? (Pan 9:11, NW)

  • Kumaha doa bisa ngabantu urang waktu aya tangtangan?

  • Lamun urang geus teu bisa ngawula Yéhuwa siga baheula, ku naon urang sakuduna mikirkeun nu masih bisa dilakukeun ku urang?

  • Sing terus teuteup hadiahna

    Naon nu bisa ngabantu Sadérék terus yakin bakal meunangkeun hadiah?