Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang—Ngeureunkeun Palajar Alkitab nu Teu Nyieun Kamajuan

Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang—Ngeureunkeun Palajar Alkitab nu Teu Nyieun Kamajuan

KU NAON PENTING? Supaya disalametkeun, jalma-jalma kudu sasambat ka nami Yéhuwa. (Rum 10:13, 14) Tapi sanajan daék diajar Alkitab, teu kabéh jalma daék nyaluyukeun hirupna jeung papakon Yéhuwa. Jadi, urang kudu ngagunakeun waktu ku cara nu panghadéna dina dines, nyaéta ngabantu jalma nu bener-bener daék barobah pikeun nyenangkeun Yéhuwa. Lamun palajar Alkitab teu nyieun kamajuan sanggeus sababaraha waktu, leuwih hadé lamun urang ngeureunkeun palajaranana sarta ngabantu batur nu leuwih daék ngaraket ka Yéhuwa jeung organisasi-Na. (Yoh 6:44) Tapi, lamun engké manéhna barobah jeung ”boga sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng”, urang tangtu daék neruskeun deui palajaran Alkitabna.​—Ras 13:48, NW.

CARA NGALAKUKEUNANA:

  • Puji palajar Alkitab lantaran daék diajar bebeneran.​—1Tim 2:4

  • Tandeskeun pentingna ngalarapkeun nu geus diajarkeun.​—Luk 6:46-49

  • Ku cara nu bijaksana, bahas misil Yésus ngeunaan jalma nu nebarkeun binih, terus bantu manéhna mikirkeun, ku naon manéhna can nyieun kamajuan.​—Mat 13:18-23

  • Ku cara nu bijaksana, jelaskeun ku naon Sadérék teu neruskeun palajaran Alkitab

  • Béré nyaho yén sakali-sakali Sadérék bakal nganjangan manéhna, manéhna gé bisa ngomong lamun hayang diajar Alkitab deui

TONGTON VIDÉONA, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:

  • Tina obrolan maranéhna, ti mana urang nyaho yén palajar Alkitab ieu teu nyieun kamajuan rohani?

  • Kumaha pawarta ngabantu palajar Alkitabna supaya ngarti yén manéhna kudu nyieun parobahan?

  • Kumaha pawarta ngajelaskeun ka palajar Alkitabna supaya teu asa-asa méré nyaho lamun hayang diajar Alkitab deui?