Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Naha Sadérék Merhatikeun Sipat-Sipat Allah nu Teu Katingali?

Naha Sadérék Merhatikeun Sipat-Sipat Allah nu Teu Katingali?

Waktu ningali kembang nu warna-warni, langit nu pinuh ku béntang, atawa curug nu ngaguruh, naha Sadérék sadar éta téh hasil karya Nu Nyipta? Ciptaan di sakuriling urang nyingkabkeun sipat-sipat Yéhuwa nu teu katingali. (Rum 1:20) Waktu merhatikeun ciptaan, urang bisa ngarasakeun kawasa, kanyaah, hikmat, kaadilan, sarta sipat béréhan ti Allah.​—Jab 104:24.

Naon waé ciptaan Yéhuwa nu unggal poé ditingali ku Sadérék? Sanajan hirup di kota, Sadérék bisa ningali manuk atawa tatangkalan. Ngalenyepan ciptaan Yéhuwa bisa ngabantu urang supaya teu hariwang teuing, boga pandangan nu bener waktu aya masalah, jeung nguatkeun iman yén Yéhuwa sanggup nyumponan pangabutuh urang salawasna. (Mat 6:25-32) Lamun Sadérék boga budak, ajar maranéhna pikeun ningali sipat-sipat Yéhuwa nu taya bandingna. Lamun urang ngahargaan ciptaan nu aya di sakuriling urang, urang bisa leuwih raket deui jeung Nu Nyipta.​—Jab 8:4, 5.

TONGTON VIDÉO CIPTAAN NU LUAR BIASA NYINGKABKEUN KAMULYAAN ALLAH—CAHAYA JEUNG KELIR, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:

  • Naon nu nyababkeun urang ningali rupa-rupa kelir?

  • Ku naon kelir bisa robah-robah gumantung ti sudut mana urang ningali?

  • Ku naon urang bisa ningali rupa-rupa kelir di langit?

  • Kelir mencrang naon waé tina ciciptaan nu aya di deukeut imah Sadérék?

  • Ku naon urang kudu nyadiakeun waktu pikeun ngalenyepan ciptaan di alam?

Sipat-sipat Yéhuwa naon nu disingkabkeun tina cahaya sarta kelir?