Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

”Masing Hormat ka Bapa jeung ka Indung”

”Masing Hormat ka Bapa jeung ka Indung”

Waktu di bumi, Yésus maréntahkeun, ”Masing hormat ka bapa jeung ka indung”. (Bud 20:12; Mat 15:4) Yésus laluasa ngomong ieu sabab anjeunna ”tetep-tumetep ngesto” ka kolotna ti ngongora. (Luk 2:51) Sanggeus déwasa, Yésus ogé mastikeun supaya indungna tetep kaurus sanggeus anjeunna maot.—Yoh 19:26, 27.

Di jaman urang ogé, barudak ngora Kristen ngahormat ka indung bapana ku cara nurut jeung ngomong sacara sopan. Paréntah ieu téh teu diwatesan ku waktu. Sanajan indung bapa urang geus kolot, urang kudu tetep ngahormat ku cara daék diajar ka maranéhna. (Sil 23:22) Urang ogé ngahormat ku cara nyumponan pangabutuh émosi jeung pangabutuh sapopoé maranéhna. (1Tim 5:8) Teu sual sabaraha umur urang, konci pikeun ngahormat indung bapa téh nyaéta ngajaga komunikasi jeung maranéhna.

SÉTÉL VIDÉO ANIMASI PAPAN TULIS KUMAHA CARANA NYARITA JEUNG KOLOT? TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA IEU:

  • Bisa jadi, naon nu nyababkeun hidep hésé nyarita ka kolot?

  • Kumaha hidep bisa ngahormat ka kolot waktu ngobrol jeung maranéhna?

  • Ku naon upaya hidep pikeun ngobrol jeung kolot moal cumah? (Sil 15:22)

    Nyarita jeung kolot téh mangpaat pikeun kahirupan hidep