Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | MATEUS 14-15

Sababaraha Jalma Méré Dahar Loba Jalma

Sababaraha Jalma Méré Dahar Loba Jalma

Teu lila saacan Paska taun 32 M, Yésus nyieun hiji mujijat. Ngan ieu hiji-hijina mujijat nu dicatet ku kabéh nu nulis Injil.

Ku mujijat ieu, Yésus netepkeun pola nu bakal dilakukeun deui ku anjeunna nepi ka jaman urang ayeuna.

14:16-21

  • Yésus nitah murid-muridna pikeun méré dahar loba jalma padahal maranéhna ngan boga lima roti jeung dua lauk

  • Yésus nyokot roti jeung laukna, muji sukur, terus ngasongkeunana ka murid-murid sina dibagikeun ka loba jalma

  • Sacara mujijat, roti jeung lauk jadi loba pisan, nepi ka teu béak didahar ku jalma-jalma gé. Yésus méré dahar rébuan jalma dibantu ku sababaraha jalma, nyaéta ku murid-muridna.

  • Yésus nganubuatkeun yén di ahir jaman, anjeunna ogé bakal milih saluran pikeun méré ”dahar [sacara rohani] . . . saban-saban geus waktuna.”—Mat 24:45

  • Dina taun 1919, Yésus milih ”gandek satia jeung bijaksana”, nyaéta sababaraha sadérék nu kaistrén, pikeun méré dahar ”gandek-gandek lianna” milik Yésus

  • Yésus ngagunakeun sababaraha jalma ieu, sarua jeung pola di abad kahiji

Kumaha abdi nunjukkeun yén abdi ngakukeun jeung ngahormat saluran nu digunakeun ku Yésus pikeun méré kadaharan rohani ka jalma-jalma?