Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang—Béré Pananya nu Cocog

Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang—Béré Pananya nu Cocog

KU NAON PENTING? Lamun ”pipikiran jelema teh saibarat cai dina sumur jero”, nu jadi timbana téh nyaéta pananya. (Sil 20:5) Urang ngagunakeun pananya-pananya supaya batur kalibet dina obrolan. Lamun pananyana cocog, hasilna sok alus. Yésus ngagunakeun pananya-pananya nu cocog. Kumaha urang bisa nyonto anjeunna?

CARA NGALAKUKEUNANA:

  • Béré pananya nu ngali eusi haté. Yésus méré pananya-pananya pikeun nyaho kumaha pandangan murid-muridna. (Mat 16:13-16; be-IN 238 ¶4-6) Pananya naon nu bisa digunakeun ku Sadérék pikeun ngali eusi haté batur?

  • Béré pananya panungtun. Pikeun menerkeun pikiran Pétrus, Yésus méré pananya jeung pilihan jawaban supaya Pétrus bisa nyimpulkeun nu bener. (Mat 17:24-26) Pananya naon nu bisa digunakeun ku Sadérék pikeun ngabantu jalma boga kasimpulan nu bener?

  • Béré pujian. Sanggeus saurang ahli hukum agama méré jawaban nu ”kacida bijaksanana”, Yésus muji manéhna. (Mar 12:34) Kumaha Sadérék bisa méré pujian ka batur nu geus ngajawab pananya Sadérék?

SETÉL BAGIAN KAHIJI VIDÉO LAKUKAN PEKERJAAN YANG YESUS LAKUKAN—MENGAJAR, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:

  • Ku naon ieu téh lain conto nu alus sanajan nu diajarkeunana téh geus akurat?

  • Ku naon teu cukup ngan ngajelaskeun wungkul?

SETÉL BAGIAN VIDÉO NU KADUA, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:

  • Kumaha saurang sadérék ngagunakeun pananya-pananya nu cocog?

  • Naon waé nu bisa diconto ti cara ngajar manéhna?

Naon pangaruh pangajaran urang ka batur? (Luk 24:32)