Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | MATEUS 18-19

Ulah Nyababkeun Batur jeung Diri Sorangan Pecat Iman

Ulah Nyababkeun Batur jeung Diri Sorangan Pecat Iman

Yésus ngagunakeun misil pikeun ngajarkeun sakumaha sériusna lamun urang pecat iman atawa nyababkeun batur pecat iman.

18:6, 7

  • ’Gogoda nu ngalantarankeun pecat iman’ téh maksudna tindakan atawa kaayaan nu ngalantarankeun jalma ngalakukeun hal nu teu pantes, ruksak ahlak, atawa labuh kana dosa.

  • Jalma nu nyababkeun batur pecat iman mending gé dina beuheungna digantungkeun ku batu panggilingan, terus manéhna dialungkeun ka laut

Batu panggilingan

18:8, 9

  • Yésus méré naséhat ka murid-murid pikeun miceun sagala nu nyababkeun pecat iman, malah leungeun atawa panon nu hargaan ogé mending dipiceun

  • Leuwih mending kaleungitan hal-hal nu hargaan tapi bisa asup ka Karajaan Allah, ti batan éta kabéh dikeukeuweuk tapi asupna ka Géhéna nu ngalambangkeun kabinasaan nu langgeng

Naon nu bisa nyababkeun abdi pecat iman? Kumaha supaya abdi teu nyababkeun batur jeung diri sorangan pecat iman?