Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | MATEUS 12-13

Misil ngeunaan Gandum jeung Eurih

Misil ngeunaan Gandum jeung Eurih

Yésus ngagunakeun gandum jeung eurih pikeun ngagambarkeun kumaha jeung iraha anjeunna milih kabéh golongan gandum di antara umat manusa, nyaéta urang Kristen nu kaistrén, nu dimimitian taun 33 M.

13:24

”Aya jelema nebarkeun bibit hade di lahanna”

  • Nu nebarkeun bibit: Yésus Kristus

  • Bibit hadé nu ditebarkeun: Murid-murid Yésus diistrénan roh suci

  • Lahan: Umat manusa

13:25

”Dina . . . waktuna jalma-jalma sarare, datang musuhna nyebarkeun bibit eurih”

  • Musuh: Si Iblis

  • Jalma-jalma sarare: Maotna rasul-rasul

13:30

”Keun bae sina jaradi bareng” nepi ka waktu ngala

  • Gandum: Urang Kristen nu kaistrén

  • Eurih: Urang Kristen palsu

”Nyabutan heula eta eurih . . . , gandumna sina dikumpulkeun”

  • Pagawé/nu nyabutan: Para malaikat

  • Eurih dicabutan: Urang Kristen palsu dipisahkeun ti urang Kristen nu kaistrén

  • Dikumpulkeun ka leuit: Urang Kristen nu kaistrén dikumpulkeun ka sidang nu dipulihkeun

Dina waktu ngala, naon nu ngabédakeun urang Kristen sajati ti urang Kristen palsu?

Naon mangpaat misil ieu keur abdi?