Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Cara Ngagunakeun Buku Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?

Cara Ngagunakeun Buku Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?

Buku Diajar Kitab Suci téh méh sarua jeung buku Alkitab Ajarkan. Dina dua alat bantu ieu, eusi bebeneranana téh sarua kitu ogé jeung susunanana. Tapi, buku Diajar Kitab Suci maké kekecapan jeung pola pamikiran nu leuwih saderhana. Buku ieu dijieun pikeun jalma nu hésé paham kana buku Alkitab Ajarkan. Dina buku ieu teu aya apéndiks, tapi aya catetan ahir nu sacara singget ngajelaskeun sababaraha istilah jeung pangajaran nu aya dina paragrap. Buku ieu teu ngamuat pananya panganteur dina awal pasal atawa kotak ringkesan eusi pasal. Tapi, aya bagian kasimpulan tina bebeneran Alkitab nu dijelaskeun dina paragrap. Saperti buku Alkitab Ajarkan, buku Diajar Kitab Suci bisa ditawarkeun iraha waé, sanajan lain bacaan nu kudu ditawarkeun dina bulan éta. Kumaha urang bisa ngagunakeun fitur nu unik tina buku Diajar Kitab Suci waktu mandu palajaran Alkitab?

KASIMPULAN: Waktu mandu palajaran Alkitab, kalolobaan jalma biasana ngan macakeun paragrap nu aya dina buku Alkitab Ajarkan jeung nanyakeun pananyana. Tapi, béda lamun nu diajar Alkitabna teu paham kana basa bukuna atawa teu pati bisaeun maca. Lamun kitu, Sadérék bisa mandu palajaran Alkitab maké buku Diajar Kitab Suci. Bagian kasimpulan bisa digunakeun pikeun ngabantu nu diajar Alkitab sangkan manéhna kajurung pikeun maca paragrapna sorangan. Unggal bebeneran bisa dibahas salila 15 menit. Lantaran dina bagian kasimpulan euweuh hal-hal rinci siga di paragrap, nu mandu palajaran kudu bener-bener persiapan bari mikirkeun pangabutuh palajar Alkitabna. Lamun palaja-ran dipandu tina paragrap, bagian kasimpulan bisa dibahas pikeun nyimpulkeun eusi pasal.

CATETAN AHIR: Susunan istilah jeung pangajaran dina catetan ahir téh nuturkeun susunan pasalna. Nu mandu palajaran bisa mutuskeun naha catetan ahir dina buku Diajar Kitab Suci perlu dibahas atawa henteu.