Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Barudak Ngora—Geura Udag Cita-Cita Rohani

Barudak Ngora—Geura Udag Cita-Cita Rohani

Bisa waé anjeun mikir yén anjeun bakal terus ngora jeung moal ngarasakeun ”umur anu matak ripuh” di dunya Sétan ieu. (Pan 12:1) Lamun anjeun ngora kénéh, naha anjeun mikir yén aya loba kénéh waktu pikeun ngahontal cita-cita rohani, saperti dines sapinuh waktu?

Kabéh jalma, kaasup budak ngora, aya ”apesna masing-masing”. (Pan 9:11) Anjeun gé teu nyaho ”hirup anjeun isukan bakal kumaha”. (Yak 4:14) Ku kituna, ulah ngaengké-engké, anjeun kudu ngudag cita-cita rohani meungpeung aya ”loba kasempetan”. (1Kor 16:9) Anjeun moal bakal kaduhung nyieun putusan éta.

Cita-cita rohani nu bisa dihontal:

  • Ngawawar maké basa séjén

  • Jadi panaratas

  • Miluan sakola-sakola téokratis

  • Jadi rélawan pangwangunan

  • Digawé di Bétél

  • Jadi pangawas wilayah

Tuliskeun cita-cita rohani anjeun.