Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | SILOKA 27-31

Ciri-Ciri Istri nu Binangkit dina Alkitab

Ciri-Ciri Istri nu Binangkit dina Alkitab

Dina Siloka pasal 31 aya naséhat penting keur Raja Lémuél ti indungna. Naséhat nu bijaksana éta nyebutkeun ciri-ciri istri nu binangkit.

Istri nu binangkit bisa dipercaya

31:10-12

  • Manéhna méré saran nu hadé demi kapentingan kulawargana bari tetep tunduk ka salakina

  • Manéhna dipercaya ku salakina, teu perlu teterusan menta idin ka salakina unggal rék nyieun putusan

Istri nu binangkit getol digawé

31:13-27

  • Manéhna hémat jeung basajan sangkan kulawargana séhat jeung boga pakéan nu bersih tur rapih

  • Manéhna resep barang gawé jeung ngurus kulawargana unggal poé

Istri nu binangkit ngutamakeun hal-hal rohani

31:30

  • Manéhna sieun ka Allah tur boga hubungan nu raket jeung Mantenna