Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | JABUR 135-141

Urang Diciptakeun Sacara Istiméwa

Urang Diciptakeun Sacara Istiméwa

Daud ngalenyepan sipat-sipat Allah nu katémbong tina ciptaan Mantenna. Ku kituna, manéhna teu asa-asa ngagunakeun kahirupanana pikeun ngawula ka Yéhuwa.

Waktu Daud ngalenyepan ciptaan, manéhna kajurung pikeun muji Yéhuwa:

139:14

  • ”Abdi muji sukur ka Gusti, Gusti estu luar biasa sugri damel Gusti ajaib, pikahelokeun”

139:15

  • ”Waktos tulang-tulang abdi dirakit, ati-ati diteundeun di jero kandungan pun biang, waktos abdi kalayan rasiah tumuwuh di dinya, Gusti uninga yen abdi aya di dinya”

139:16

  • ”Memeh abdi lahir ku Gusti parantos katingali. Poe-poe pikeun abdi parantos diserat dina kitab Gusti”