Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Ningkatkeun Kamampuh Ngawawar Urang—Anjurkeun Jalma nu Boga Minat pikeun Datang ka Pasamoan

Ningkatkeun Kamampuh Ngawawar Urang—Anjurkeun Jalma nu Boga Minat pikeun Datang ka Pasamoan

ALESANANA: Dina pasamoan, urang bisa ’nganyanyikeun lagu pikeun PANGERAN’ jeung ’muji Mantenna’. (Jab 149:1) Urang ogé diajar pikeun ngalakukeun kahoyong Allah. (Jab 143:10) Jalma-jalma nu minat jeung nu dialajar Alkitab, biasana bakal leuwih maju lamun datang ka pasamoan.

CARANA:

  • Geura bikeun ondangan pasamoan, sanajan manéhna can diajar Alkitab.—Wahyu 22:17

  • Jelaskeun naon waé nu bakal dibahas dina pasamoan nu bakal datang. Sadérék bisa ngagunakeun: ondangan pasamoan, vidéo Naon anu Lumangsung di Balé Karajaan?, sarta palajaran 5 jeung 7 tina brosur Pangersa Yéhuwa

  • Tawarkeun bantuan. Naha manéhna perlu dipapagkeun atawa perlu dibantu milih pakéan nu cocog? Dina pasamoan, ajak manéhna diuk bareng terus injeumkeun publikasi Sadérék ka manéhna. Kenalkeun manéhna ka nu séjén