Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Kumaha Lamun Budak Leutik nu Mukakeun Panto?

Kumaha Lamun Budak Leutik nu Mukakeun Panto?

Lamun budak leutik nu mukakeun panto, urang bisa ménta panggih jeung kolotna. Ku kituna, urang nunjukkeun yén urang ngahargaan kolotna. (Sil 6:20) Lamun euweuh kolotna, ulah daék mun ditawaran asup ka imahna. Urang bisa datang deui engké.

Urang ogé kudu ménta panggih jeung kolotna sanajan nu muka-keun pantona budak rumaja. Lamun euweuh kolotna, urang bisa nanyakeun naha manéhna diidinan maca bacaan urang. Mun diidinan, urang bisa nawarkeun bacaan atawa mukakeun situs jw.org.

Waktu ngadatangan deui rumaja nu minat, urang kudu panggih ogé jeung kolotna. Ku kituna, urang bisa ngajelaskeun tujuan urang sarta nunjukkeun naséhat nu alus jeung bisa diandelkeun tina Alkitab pikeun kulawarga. (Jab 119:86, 138) Lamun urang ngahargaan kolotna, urang bisa méré kasaksian nu alus tur muka kasempetan sangkan maranéhna ngadéngé warta hadé.—1Pet 2:12.