Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | JABUR 119

’Lampahkeun Hukum Yéhuwa’

’Lampahkeun Hukum Yéhuwa’

Ngalampahkeun hukum Yéhuwa hartina réla taat kana bingbingan Ilahi. Dina Alkitab, aya loba tuladan jalma-jalma nu ngalampahkeun hukum Yéhuwa jeung ngandelkeun Mantenna, saperti nu nulis jabur.

Ngalampahkeun hukum Allah ngahasilkeun kabagjaan nu sajati

119:1-8

Yosua yakin kana bingbingan Yéhuwa. Manéhna nyaho mun hayang bagja jeung suksés kudu percaya ka Yéhuwa ku sagemblengna haté

Firman Allah méré urang kawani pikeun nyanghareupan cobaan dina kahirupan

119:33-40

Yérmia némbongkeun kawani ogé ngandelkeun Yéhuwa sanajan nyanghareupan loba kasusah. Manéhna hirup saderhana jeung satia ngajalankeun tugasna

Lamun paham bener kana Firman Allah, urang bakal boga kawani waktu ngawawar

119:41-48

Paulus teu sieun ngabagikeun warta ti Allah ka saha waé. Manéhna teu sieun ngawawar ka Gupernur Péliks lantaran yakin kana bantuan Yéhuwa

Di mana jeung ka saha kuring hayang leuwih wani ngawawar?

  • Sakola

  • Tempat gawé

  • Kulawarga

  • Nu séjén