Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Conto Kecap Panganteur

Conto Kecap Panganteur

KASANGSARAAN TÉH BAKAL AYA AHIRNA?

Pananya: [Témbongkeun kaca hareup.] Saur Sadérék, naha kasangsaraan téh bakal aya ahirna?

Ayat: [Buka kaca 2.] Wahyu 21:3, 4

Nawarkeunana: Sadérék pasti resep ningali parobahan siga kieu. Bacaan ieu ngajelaskeun alesan urang bisa yakin lamun kasangsaraan téh moal aya deui.

NAON KARAJAAN ALLAH TÉH?

Pananya: [Témbongkeun kaca hareup.] Tos lami, seueur jalmi ngadoakeun datangna Karajaan Allah. Naha Sadérék pernah naroskeun naon Karajaan Allah téh?

Ayat: [Buka kaca 2.] Dan 2:44

Nawarkeunana: Bacaan ieu ngabantu urang yakin lamun Karajaan Allah téh pamaréntahan nu bakal ngarobah dunya jadi leuwih hadé pikeun salalawasna.

NGAJARKEUN BEBENERAN

Pananya: Ku naon urang bisa yakin Allah paduli ka urang?

Ayat: 1Pet 5:7

Bebeneran: Allah ngondang urang pikeun ngadoa ka Mantenna lantaran Mantenna paduli ka urang.

KECAP PANGANTEUR KURING

Paké conto nu aya pikeun nyieun kecap panganteur Sadérék sorangan.