Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

SUMBANGAN SADÉRÉK DIPAKÉ KEUR NAON WAÉ?

Kantor Panarjamahan Jarak Jauh Méré Mangpaat keur Loba Jalma

Kantor Panarjamahan Jarak Jauh Méré Mangpaat keur Loba Jalma

1 MARET 2021

 Leuwih ti 60 persén panarjamah sapinuh waktu digawé di kantor-kantor panarjamahan jarak jauh (RTO), lain di kantor cabang. Ku naon pangaturan ieu téh alus? Supaya bisa lancar digawéna, alat-alat naon waé nu dibutuhkeun ku para panarjamah? Naon pangaruh lokasi kantor panarjamahan kana hasil tarjamahanana?

 Para panarjamah di RTO cicing di daérah nu ngagunakeun basa éta. Karin, saurang panarjamah basa Jerman dialek Utara (Low German) nyarita, ”Ti saprak abdi pindah ka RTO di Cuauhtémoc, Chihuahua, Meksiko, abdi jadi sok ngomong make basa Jerman dialek Utara jeung batur panarjamah. Waktu dines jeung balanja gé abdi maké basa éta. Urang dikurilingan ku jalma-jalma nu maké basa ieu. Urang ngadéngé ungkapan-ungkapan nu geus lila teu didéngé ku urang, jeung urang diajar kekecapan anyar nu sering dipaké ku jalma-jalma.”

 James, nu digawé di RTO basa Frafra di Ghana, sakapeung sono campur gaul jeung anggota kulawarga Bétel di kantor cabang. Tapi ceuk manéhna, ”Abdi resep digawé di RTO. Waktu abdi ngawawar jeung ningali réaksi jalma-jalma basa ngadéngékeun warta hadé dina basa maranéhna, abdi meni bungah pisan.”

 Naon waé nu perlu dipikirkeun basa rék nangtukeun lokasi RTO? Joseph, saurang anggota Departemen Rancang/Bangun Sedunia di Warwick, New York, Amerika Serikat, nyarita, ”Kadang di sababaraha tempat, tangtanganana téh sok euweuh listrik atawa cai. Kadang gé euweuh aksés Internét, jadi teu bisa nga-download bahan nu rék ditarjamahkeun. Jadi waktu rék milih lokasi nu cocog keur RTO, urang nimbang-nimbang heula sababaraha lokasi.”

 Biasana, leuwih gancang jeung gampang lamun RTO dijieun di Balé Kongrés, Balé Karajaan, atawa imah utusan injil nu geus aya, nu bisa didatangan ku para panarjamah. Lamun euweuh tempat siga kitu, maranéhna diidinan pikeun meuli apartemén pikeun jadi tempat panyicingan, jeung bangunan kantor pikeun jadi tempat gawé. Lamun aya parobahan, bangunanana bisa dijual jeung duitna bisa dipaké keur kabutuhan séjén nu leuwih penting.

Alat-Alat nu Dibutuhkeun keur Digawé

 Salila taun dines 2020, urang ngagunakeun 13 juta dolar AS, atawa kira-kira 185 miliar rupiah, pikeun biaya operasional RTO. Para panarjamah téh ngabutuhkeun komputer, software husus, paralatan pikeun rekaman, aksés Internét, jeung kabutuhan dasar siga cai jeung listrik. Hiji sét komputer keur saurang panarjamah hargana kira-kira 750 dolar AS, atawa 10 juta rupiah. Dina komputerna geus disadiakeun software nu dibeuli jeung program Watchtower Translation System (Sistem Penerjemahan Menara Pengawal). Éta program téh ngabantu para panarjamah dina narjamahkeun jeung muka bahan-bahan réferénsina.

 Para panarjamah gé dibéré alat-alat paranti rekaman supaya bisa nyieun rekaman publikasi di kantor. Alat-alat ieu kapaké pisan ti saprak pandémi COVID-19, lantaran para panarjamah bisa mawa alat-alat ieu ka imahna pikeun ngarekam publikasi jeung video-vidéo.

 Sadérék-sadérék di sidang gé dipénta ngabantu mariksa publikasi nu geus ditarjamahkeun jeung ngarawat sarta ngabersihan fasilitas RTO. Cirstin nu ngawula di RTO basa Afrikaans di Cape Town, Afrika Selatan, nyebutkeun, ”Loba pawarta jeung panaratas biasa jadi boga kasempetan ngagunakeun katarampilanana di dieu.”

 Rélawan-rélawan bungah pisan bisa ngabantu di RTO. Ceuk saurang sadérék istri, digawé di RTO téh nyieun manéhna bungah pisan jeung dikuatkeun. Sababaraha sadérék di sidang gé osok dipénta keur rékaman audio. Juana, saurang panarjamah basa Totonac di Veracruz, Meksiko, nyebutkeun, ”Ayeuna mah leuwih gampang pikeun ménta sadérék-sadérék rekaman keur publikasi jeung vidéo, ku sabab lokasi RTO aya di tempat nu jalma-jalmana ngagunakeun basana.”

 Tapi, na RTO téh bisa ningkatkeun kualitas tarjamahanana? Kalolobaan jalma nu maca publikasi urang ngarasa kitu. Cédric, nu digawé di RTO basa Kongo di Republik Demokratik Kongo nyebutkeun, ”Baheula sadérék-sadérék sok ngomong, basa nu digunakeun dina tarjamahan urang téh ’basa Kongo Saksi Yéhuwa’, lantaran tarjamahanana teu ngagunakeun basa sapopoé urang Kongo. Tapi ayeuna mah, publikasi urang téh maké basa Kongo nu modéren, maksudna téh siga urang Kongo ngomong sapopoé.”

 Di Afrika Selatan gé sarua. Andile, nu digawé di RTO basa Xhosa nyarita, ”Loba nu ngarasa ayeuna mah tarjamahanana geus barobah. Malahan barudak nu tadina sok maca Warta Hadé dina basa Inggris, ayeuna maca dina basa Xhosa. Maranéhna raresepeun kana Alkitab Tarjamahan Dunya Anyar nu geus dirévisi lantaran basana gampang dipikaharti.

 Kabéh dana pikeun nyieun, ngarawat, jeung minuhan kabutuhan para panarjamah téh dibiayaan ku sumbangan sukaréla keur pagawéan di sakuliah dunya, kaasup sumbangan liwat situs donate.pr418.com.