Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

SUMBANGAN SADÉRÉK DIPAKÉ KEUR NAON WAÉ?

Lagu-Lagu anu Ngaraketkeun Urang ka Allah

Lagu-Lagu anu Ngaraketkeun Urang ka Allah

1 NOPÉMBER 2021

 Musik téh hadiah nu éndah ti Yéhuwa. Musik bisa mangaruhan pikiran urang, ngarobah parasaan urang, jeung nyumangetan urang. Lagu-lagu JW Broadcasting gé sarua. Malah, éta bisa ngaraketkeun urang ka Yéhuwa.

 Ti taun 2014, aya 70 leuwih lagu JW Broadcasting nu diproduksi ku urang. Ayeuna, sahenteuna aya hiji lagu JW Broadcasting anu sadia dina 500 basa leuwih! Tapi, meureun Sadérék panasaran, ’Saha anu nyieun lagu-lagu ieu, jeung kumaha carana?’

Kumaha Lagu-Lagu Urang Dijieun?

 Lagu-lagu dina JW Broadcasting téh dijieun ku tim musik dina Layanan Audio/Vidéo anu diawaskeun ku Panitia Pangajaran ti Badan Pingpinan. Aya 13 sadérék pameget jeung sadérék istri anu ngagabung dina tim ieu. Maranéhna nyieun musik, nyieun lirik, ngarekam, ngédit, nyieun jadwal, jeung ngurus hal-hal séjén anu aya hubunganana jeung produksi musik. Salian ti éta, aya ogé sukarélawan ti sakuliah dunya anu disatujuan ku Panitia Pangajaran pikeun ngabantu proyék ieu. Aya nu nyieun musik, maén musik, jeung nyanyi. Sadérék-sadérék ieu téh rendah haté. Sanajan maranéhna boga kasanggupan pikeun nyieun musik, maranéhna embung kapuji.

 Kumaha lagu-lagu ieu diproduksi? Mimitina, Panitia Pangajaran mikirkeun ayat-ayat anu jadi dasar pikeun laguna sarta bakal kumaha parasaan jalma-jalma mun ngadéngékeun laguna. Terus, tim musik nugaskeun saha nu bakal nyieun musik jeung lirikna. Sanggeus kitu, maranéhna nyieun conto rekamanana. Panitia Pangajaran bakal ngadéngékeun conto rekaman éta jeung méré saran-saran anu dibutuhkeun. Ku tim musik saran-saran éta dituturkeun, tuluy maranéhna nyieun rekaman ahirna. Lagu-lagu ieu direkam di tempat anu béda-béda, kaasup di kantor-kantor cabang jeung di imah sadérék-sadérék anu boga alat pikeun ngarekam lagu.

 Pikeun nyieun jeung ngarekam lagu, sadérék-sadérék téh ngagunakeun rupa-rupa program komputer, misalna program pikeun nyieun jeung ngédit lagu sarta not balok. Maranéhna gé ngagunakeun rupa-rupa alat, misalna alat musik, mixer, amplifier, speaker, jeung mikrofon. Harga hiji mikrofonna téh ti 100 nepi ka 1.000 dolar AS (kira-kira 1,4 nepi ka 14 juta rupiah). Dina taun 2020, urang ngaluarkeun 116.000 dolar AS (kira-kira 1,6 miliar rupiah) pikeun meuli alat-alat jang ngarekam.

 Naon anu dilakukeun pikeun ngahémat biaya rekaman? Aya loba sukarélawan anu bisa ngabantu ti imah maranéhna masing-masing. Ku kituna, organisasi teu kudu ngondang loba jalma pikeun digawé di Bétel. Salian ti éta, tim musik leuwih sering ngagunakeun program komputer pikeun nyieun lagu tibatan ngarekam hiji orkéstra anu gedé.

”Lagu-Lagu Ieu téh Nguatkeun Iman Abdi”

 Sadérék-sadérék resep ngadéngékeun lagu-lagu JW Broadcasting. Misalna, Tara ti Jerman nyarita, ”Mun ngadéngékeun lagu-lagu ieu téh, abdi jadi tenang. Ngadéngékeun lagu-lagu ieu dina basa abdi téh asa ditangkeup ku Yéhuwa. Sadérék Dmitry ti Kazakstan nyarita, ”Abdi teu kudu hariwang lagu-lagu ieu sajalan jeung prinsip Alkitab atawa henteu. Lagu-lagu ieu gé ngabantu abdi tetep raket ka Yéhuwa.”

 Delia ti Afrika Selatan nyaritakeun parasaanana waktu ngadéngékeun lagu-lagu JW Broadcasting. Ceuk manéhna, ”Lagu-lagu ieu téh nguatkeun iman abdi. Mun abdi keur sedih atawa aya masalah, pasti aya lagu nu cocog jeung kaayaan abdi. Mun ngadéngékeun lagu-lagu ieu, abdi jadi sumanget deui!”

 Aya sababaraha lagu JW Broadcasting anu paling dipikaresep ku sadérék-sadérék. Lerato ti Afrika Selatan ngomong, ”Lamun ngadéngékeun lagu ’Sudah di Depan Mata’ jeung ’Dalam Dunia Baru’, abdi langsung ngabayangkeun bisa panggih deui jeung si Mamah. Unggal ngadéngékeun lagu-lagu ieu, langsung kabayang si Mamah téh keur lumpat rék nangkeup abdi.”

 Saurang sadérék ngora ti Sri Lanka kabantu pisan ku hiji lagu JW Broadcasting. Ceuk manéhna, ”Ibu guru nyarékan abdi di hareupeun kelas lantaran abdi saurang Saksi Yéhuwa. Harita, abdi sieun pisan jeung teu nyaho kudu ngajawab naon. Sanggeus balik ka imah, si Mamah ngajurung abdi pikeun ngadéngékeun lagu ’Rajin Belajar’. Tina lagu éta, abdi jadi sadar pentingna ngarisét jeung nyiapkeun jawaban. Isukanana, abdi ngomong jeung guru tadi. Ibu guru ngadéngékeun sarta ngahargaan kapercayaan abdi sabagé Saksi-Saksi Yéhuwa. Abdi nganuhunkeun pisan ka organisasi Yéhuwa anu geus nyadiakeun lagu-lagu anu bisa nguatkeun iman.”

 Kumaha produksi lagu-lagu ieu dibiayaan? Lagu-lagu ieu bisa diproduksi lantaran aya sumbangan keur pagawéan sakuliah dunya. Loba anu méré sumbangan liwat donate.pr418.com. Hatur nuhun pikeun kamurahan haté Sadérék.