Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

SUMBANGAN SADÉRÉK DIPAKÉ KEUR NAON WAÉ

Nyadiakeun Bantuan Salila Pandémi

Nyadiakeun Bantuan Salila Pandémi

1 JULI 2021

 Dina Maret 2020, Organisasi Kesehatan Dunia (WHO) ngumumkeun yén virus COVID-19 téh geus nyebar ka mana-mana. Loba nu teu nyangka lamun virus nu muncul leuwih ti sataun kamari ieu bakal terus nyebar nepi ka ayeuna. Pandémi ieu mangaruhan jutaan jalma, kaasup Saksi Yéhuwa, sacara jasmani, émosi, jeung ékonomi. Kumaha Saksi-Saksi Yéhuwa nyieun pangaturan jeung ngabagikeun bantuan salila pandémi?

Méré Bantuan ka Nu Ngabutuhkeun

 Panitia Koordinator ti Badan Pingpinan ngabentuk leuwih ti 950 Panitia Penanggulangan Bencana (PPB) di sakuliah dunya salila pandémi COVID-19. Di sakuliah dunya, PPB ngabantu sangkan para Saksi bisa meunang jeung ngirim bantuan ka para Saksi nu ngabutuhkeun. Tapi di sababaraha tempat, maranéhna ngabantu sangkan para Saksi meunang bantuan nu disadiakeun ku pamaréntah. PPB ogé ngirimkeun barang bantuan nu jumlahna loba pisan.

 Hayu tingali kaayaan di Paraguay. Hiji koran ngalaporkeun dampak pandémi kana kaayaan ékonomi masarakat. Éta koran nyebutkeun yén ”loba jalma di Paraguay nu kalaparan”. Tapi PPB di Paraguay geus ngirimkeun pakét-pakét bantuan nu bisa digunakeun keur dua minggu. Eusi pakétna téh dahareun, alat-alat jang bebersih, sarta pangabutuh séjénna, nu bisa digunakeun ku opat jalma. Hiji pakétna téh nilaina kira-kira 430 rébu rupiah.

 Kumaha para rélawan ngalindungan dirina jeung batur supaya teu katépa ku COVID-19? Maranéhna maraké masker jeung ngajaga jarak ti batur. Maranéhna ogé mastikeun yén pausahaan-pausahaan nu nyadiakeun dahareun téh tempatna bersih jeung nuturkeun protokol kaséhatan. Jalma-jalma nu ngurus pakétna gé maké alat pelindung diri, kendaraanana geus dibersihan, jeung nyimpen pakétna dina tempat nu geus dibersihan ku disinféktan. Kitu ogé, jalma nu nganteur pakét bantuan téh ngajaga jarak jeung jalma nu narima pakétna.

Ngagunakeun Dana Sumbangan ku Cara nu Bijaksana

 Nepi ka bulan Januari 2021, Panitia Koordinator geus ngagunakeun 360 milyar rupiah (25 juta dolar AS) pikeun nyadiakeun bantuan salila pandémi COVID-19. Kantor-kantor cabang jeung PPB ngagunakeun dana ieu ku cara nu bijaksana. Waktu rék meuli barang-barang kabutuhan, maranéhna nawar sabisa-bisana supaya meunang barang nu hargana cocog. Misalna di Cile, para rélawan téh rék meuli 750 kilogram suuk. Tapi ngan dina sabulan, harga suuk geus naék dua kali lipat! Jadi tadina mah maranéhna rék meuli suuk nu hargana geus naék ka saurang tukang dagang. Ari pék téh dua jam sanggeusna, tukang dagang éta méré nyaho yén aya jalma nu kakara meuli suuk ti manéhna, tapi suukna rék dipulangkeun deui. Jadi tukang dagang éta ngajual deui suuk éta ka para rélawan, maké harga bulan saacanna nu leuwih murah!

 Tapi, waktu para rélawan rék nyokot suukna, tukang suuk éta ujug-ujug ngabatalkeun. Manéhna mikir, para rélawan Saksi téh bakal siga organisasi séjénna nu teu adil ngabagikeun dahareun. Sanggeus ngadoa singget dina jero haté, salah saurang Saksi méré nyaho ka tukang suuk éta, yén unggal sidang téh geus ngadata saha waé nu bener-bener ngabutuhkeun dahareun. Manéhna gé ngajelaskeun, kulawarga nu bakal narima pakét bantuan éta téh kasang tukangna béda-béda, jadi eusi pakétna téh diluyukeun jeung pangabutuh maranéhna. Tungtungna manéhna méré nyaho yén duit pikeun meuli suuk téh hasil sumbangan sukaréla, para rélawanna gé teu dibayar. Ngadéngé kitu, tukang suuk téh jadi kagum. Salian ti bisa meuli suuk nu hargana jauh leuwih murah, tukang suuk éta gé jangji bakal nambahan 400 kilogram suuk lamun para rélawan meuli suuk deui di manéhna.

Bukti ”Kanyaah nu Sajati”

 Di Liberia, aya saurang randa nu geus kolot nu ngaranna Lusu. Maranéhna tinggal bareng jeung lima anggota kulawargana. Basa maranéhna keur sarapan bari ngabahas ayat harian, incuna Lusu nu umurna tujuh taun ningali mun maranéhna geus teu boga deui dahareun. Manéhna nanya, ”Engké urang rék tuang naon?” Lusu ngayakinkeun incuna yén manéhna téh geus ngadoa, jadi Yéhuwa pasti bakal nyadiakeun pangabutuh maranéhna. Ari pék téh pas beurangna, Lusu ditelepon ku saurang kokolot ti sidangna pikeun nyokot bantuan dahareun. Lusu nyarita, ”Ayeuna incu abdi yakin lamun Yéhuwa téh ngadéngé jeung ngajawab doa-doa, lantaran Yéhuwa geus ngajawab doa abdi.”

Barudak leutik di Republik Demokratik Kongo nyieun gambar pikeun nganuhunkeun ka para Saksi nu mawa dahareun bantuan

 Di Republik Demokratik Kongo, aya saurang awéwé nu tatanggana téh Saksi Yéhuwa. Waktu ningali kulawarga Saksi éta narima dahareun ti Saksi séjénna, manéhna ngomong, ”Sanggeus pandémi, urang mah rék jadi Saksi Yéhuwa ah. Keur pandémi kieu téh para Saksi meni paduli ka dulur-dulur saimanna.” Tuluy salakina nanya, ”Manéh rék jadi Saksi Yéhuwa ngan pédah ku hayang sakantong béas?” Pamajikanana ngajawab, ”Nya henteu atuh, béas éta téh bukti maranéhna boga kanyaah nu sajati.”

 Ku lantaran sumbangan ti Sadérék-Sadérék, Saksi-Saksi Yéhuwa bisa gancang ngumpulkeun jeung ngirimkeun bantuan ka nu ngabutuhkeun. Hatur nuhun pisan keur sumbangan Sadérék nu dikirimkeun liwat situs donate.pr418.com.