Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

SUMBANGAN SADÉRÉK DIPAKÉ KEUR NAON WAÉ?

Perpustakaan dina Genggeman Anjeun

Perpustakaan dina Genggeman Anjeun

1 SÉPTÉMBER 2021

 Dina Laporan Badan Pingpinan 2020 (Bagian 6), Sadérék Geoffrey Jackson ngomong kieu, ”Baheula mah teu kabayang urang bakal narima dahareun rohani liwat alat éléktronik.” Naha anjeun satuju? Sadérék Geoffrey Jackson neruskeun omonganana, ”Tapi, ayeuna JW Library téh bener-bener ngabantu urang salila pandémi ieu. Teu kabayang kumaha jadina mun euweuh JW Library. Sababaraha taun ieu, Yéhuwa geus nyiapkeun urang supaya siap nyanghareupan kaayaan saperti ayeuna.”

 Kumaha carana Yéhuwa nyiapkeun urang? Kumaha sadérék-sadérék nyieun aplikasi JW Library? Jeung, kumaha maranéhna ngupayakeun supaya aplikasi ieu bisa beuki alus?

Sajarah JW Library

 Dina Méi 2013, Badan Pingpinan ménta Departemén MEPS Programming di kantor pusat pikeun nyieun hiji aplikasi nu di jerona téh aya Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru édisi révisi. Salah saurang sadérék anu ngalayanan di Departemén MEPS Programming téh nyaéta Sadérék Paul Willies. Manéhna ngomong, ”Urang can pernah ngaluarkeun aplikasi keur HP atawa tablét anu bisa di-download di app stores. Waktu urang dibéré tugas pikeun nyieun aplikasi ieu, urang nyieun tim, ngeureunkeun heula sababaraha proyék anu keur digawékeun, sarta digawé bareng jeung departemén-departemén séjén pikeun ngarancang aplikasi ieu jeung eusina. Urang sering ngadoa ménta tulung ka Yéhuwa. Ku bantuan Yéhuwa, aplikasi ieu bisa bérés sarta bisa dirilis di pertemuan taunan ngan dina waktu lima bulan!”

 Tangtangan saterusna nyaéta kumaha carana ngarobah aplikasi ieu supaya bisa bener-bener jadi jiga perpustakaan, anu di jerona aya loba publikasi dina loba basa. Dina Januari 2015, kalolobaan publikasi dina basa Inggris geus aya dina aplikasi ieu. Terus ngan genep bulan sanggeusna, jalma-jalma bisa nga-download publikasi-publikasi éta dina ratusan basa séjén.

 Ti saprak harita, sadérék-sadérék terus ngembangkeun aplikasi ieu. Maranéhna ngasupkeun vidéo-vidéo. Terus, maranéhna gé nyieun hiji ménu husus nu di jerona aya publikasi sarta vidéo anu dipaké dina pasamoan. Salian ti éta, jalma-jalma anu ngagunakeun aplikasi ieu bisa langsung ningali Panduan Risét dina ayat-ayat Alkitab anu keur dibaca.

Mastikeun Supaya Aplikasina Tetep Lancar

 Unggal poé, aplikasi JW Library téh dibuka dina 8 juta alat éléktronik! Dina sabulan, aya 15 juta leuwih alat éléktronik nu béda-béda nu muka aplikasi ieu. Jadi, kumaha supaya aplikasi ieu bisa tetep lancar? Sadérék Willies ngajelaskeun, ”Aplikasi téh kudu terus dikembangkeun. Ku kituna, urang terus nambahan fitur-fitur sarta ngupayakeun ngarah aplikasina méré leuwih loba mangpaat jeung leuwih gampang dipakéna. Sistim operasi alat éléktronik téh sering di-update, jadi aplikasi JW Library gé kudu terus di-update. Software-na gé kudu terus di-update lantaran publikasi, audio, jeung vidéo dina JW Library téh terus nambahan jumlahna.” Dina aplikasi JW Library, kurang leuwih aya 200.000 publikasi sarta leuwih ti 600.000 audio jeung vidéo ti rupa-rupa basa!

 Unggal taunna, Departemén MEPS Programming ngagunakeun duit kurang leuwih 10.000 dolar AS (atawa kira-kira 143 juta rupiah) pikeun meuli rupa-rupa hardware. Hardware-hardware éta digunakeun pikeun mastikeun aplikasi JW Library bisa lancar waktu dibuka dina komputer, HP, jeung tablét anu anyar. Tapi éta hungkul teu cukup. Supaya aplikasina lancar, urang gé butuh software anu alus. Ku kituna, urang meuli lisénsi sababaraha software. Hiji lisénsi software-na waé hargana nepi ka 1.500 dolar AS (atawa kra-kira 21,5 juta rupiah) per taun.

Ngirit Duit Sumbangan

 Ku lantaran aya aplikasi JW Library, biaya pikeun nyitak, ngajilid, jeung ngirimkeun bahan bacaan téh jadi ngurangan pisan. Misalna dina taun 2013, urang nyitak 12 juta buku Ngulik Kitab Suci Unggal Poé. Tapi dina taun 2020, ngan dicitak 5 juta buku. Padahal jumlah pawarta di sakuliah dunya téh geus nambahan kira-kira 700.000 urang. Ku naon jumlah buku anu dicitak jadi leuwih saeutik? Lantaran loba sadérék maca buku ieu dina aplikasi JW Library. a

”Aplikasi Ieu téh Luar Biasa Pisan!”

 JW Library geus ngabantu loba jalma. Geneviève anu cicing di Kanada jadi bisa rutin palajaran pribadi lantaran aya aplikasi ieu. Ceuk manéhna, ”Lamun abdi kudu nyiapkeun loba buku heula saacan diajar mah, jigana abdi moal bisa rutin diajar unggal isuk. Tapi, ayeuna mah cukup ngan maké tablét sabab sagalana geus aya dina aplikasi JW Library. Lantaran rutin diajar Alkitab, iman abdi jadi beuki kuat. Abdi gé jadi beuki deukeut jeung Yéhuwa.”

Geneviève

 Aplikasi JW Library bener-bener karasa mangpaatna salila pandémi COVID-19. Charlyn anu cicing di Amerika Serikat ngomong, ”Geus sataun ti saprak pandémi COVID-19, abdi can pernah narima publikasi anyar anu dicitak. Tapi liwat JW Library, abdi bisa terus narima dahareun rohani. Abdi bener-bener nganuhunkeun ka Yéhuwa.”

 Parasaan Sadérék meureun sarua siga parasaan Faye anu cicing di Filipina. Manéhna ngomong, ”Aplikasi ieu téh ngabantu abdi supaya bisa tetep deukeut jeung Yéhuwa. Unggal isuk, abdi maca publikasi dina aplikasi ieu. Waktu keur bébérés, abdi ngadéngékeun musik dina aplikasi ieu. Abdi gé nyiapkeun bahan keur pasamoan jeung bahan keur mandu palajaran Alkitab dina aplikasi ieu. Mun keur nyalsé, abdi sok nongton vidéo dina aplikasi ieu. Terus mun keur ngantri, abdi sok maca artikel atawa Alkitab dina aplikasi ieu. Aplikasi ieu téh luar biasa pisan!”

 Aplikasi JW Library gé karasa pisan mangpaatna dina dines. Misalna, aya saurang sadérék istri di Kamerun anu pernah ngadéngé ayat alus anu pernah dibacakeun ku saurang sadérék séjén. Sababaraha minggu sanggeusna, manéhna hayang macakeun ayat éta tapi poho ayatna aya di mana. Ceuk manéhna, ”Untung wéh abdi inget kekecapanana. Jadi abdi muka aplikasi JW Library, muka Alkitab, terus ngasupkeun kekecapanana. Langsung wéh ayatna téh kaluar. Abdi téh jalmana pohoan. Tapi lantaran aya aplikasi JW Library, abdi jadi bisa manggihan loba ayat.”

 Sumbangan anjeun liwat donate.pr418.com geus ngabantu supaya aplikasi JW Library bisa terus dikembangkeun jeung ditingkatkeun. Mangpaatna karasa pisan ku sadérék-sadérék di sakuliah dunya. Hatur nuhun pisan lantaran anjeun geus murah haté.

Kamajuan JW Library

  1. Oktober 2013—Aplikasi ieu dipedalkeun. Di jerona aya Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru édisi révisi

  2. Januari 2015—Publikasi-publikasi séjén dina basa Inggris diasupkeun kana aplikasi ieu, disusul ku publikasi-publikasi dina ratusan basa séjénna

  3. Nopémber 2015—Fitur keur nandaan atawa ngawarnaan tulisan ditambahkeun

  4. Méi 2016—Ménu husus keur pasamoan ditambahkeun

  5. Méi 2017—Fitur keur nyieun catetan ditambahkeun

  6. Désémber 2017—Alkitab Edisi Pelajaran ditambahkeun

  7. Maret 2019—Fitur keur nga-download rekaman audio, streaming vidéo, jeung muka bahan tina Panduan Risét ditambahkeun

  8. Januari 2021—Aya fitur tambahan keur buku Hirup Bagja Salilana!

a Sabenerna, unggal aya nu nga-download tina JW Library téh aya biaya nu kudu dikaluarkeun. Misalna taun kamari, urang ngaluarkeun duit leuwih ti 1,5 juta dolar AS (atawa kira-kira 20 miliar rupiah) pikeun biaya éta. Tapi, biaya pikeun streaming jeung nga-download ti jw.org jeung aplikasi JW Library téh jauh leuwih murah tibatan biaya pikeun nyitak jeung ngirimkeun publikasi, CD, sarta DVD.