Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

TINA ARSIP URANG

Mantuan Jalma-Jalma di Sakuliah Dunya Diajar Maca jeung Nulis

Mantuan Jalma-Jalma di Sakuliah Dunya Diajar Maca jeung Nulis

 ”Urang digedékeun di hiji pahumaan di kampung,” ceuk Agostinho nu cicing di Brasil. ”Urang sakulawarga téh miskin pisan. Urang gé kudu eureun sakola lantaran kudu digawé jeung mantuan kulawarga.” Agostinho kakara diajar maca jeung nulis waktu umur 33 taun. Ceuk manéhna, ”Sanggeus diajar maca jeung nulis, urang jadi leuwih percaya diri.”

 Salila 70 taun leuwih, Saksi-Saksi Yéhuwa geus ngajarkeun maca jeung nulis ka leuwih ti dua ratus lima puluh rébu jalma, kaasup Agostinho. Jang naon Saksi-Saksi Yéhuwa ngayakeun kelas-kelas jiga kitu? Naon mangpaatna keur jalma-jalma?

Hésé Diajar Lantaran Buta Hurup

 Dina taun 1935, Saksi-Saksi Yéhuwa geus nyaritakeun warta hadé di 115 nagri. Ka jalma-jalma nu basana béda, para misionaris nyetélkeun rekaman hutbah nu dumasar Kitab Suci nu geus ditarjamahkeun, malah maranéhna bisa méré bacaan dina sababaraha basa daérah. Loba jalma resep pisan kana Kitab Suci, tapi lantaran teu bisa maca jeung nulis, maranéhna jadi hésé diajar Kitab Suci.

 Lantaran teu bisa maca Kitab Suci, maranéhna jadi hésé ngajalankeun naséhat Kitab Suci. (Yosua 1:8; Jabur 1:2, 3) Maranéhna gé hésé ngajalankeun tanggung jawab sabagé urang Kristen. Misalna lamun kolot teu bisa maca, pasti teu gampang mun hayang ngajarkeun Kitab Suci ka barudakna. (Pamindo 6:6, 7) Nu anyaran jadi Saksi sarta teu bisa maca gé jadi hésé ngajarkeun Kitab Suci ka batur.

Ngayakeun Kampanyeu Maca jeung Nulis

 Dina taun 1940-an nepi ka 1950-an, Nathan H. Knorr jeung Milton G. Henschel, nu harita kaasup jalma-jalma nu mingpin kagiatan Saksi Yéhuwa, ngayakeun perjalanan ka nagri-nagri. Maranéhna mantuan ngatur kagiatan pikeun nyaritakeun warta hadé. Di nagri nu pendudukna loba nu teu bisa maca jeung nulis, maranéhna ngajurung kantor cabang di ditu pikeun ngayakeun kelas maca jeung nulis di sidang-sidang.

Dina kongrés di Chingola, Zambia taun 1954, alat bantu keur diajar maca dina basa Cinyanja dipedalkeun

 Kantor cabang méré nyaho sidang-sidang carana ngayakeun kelas-kelas éta. Di sababaraha nagri, pamaréntahna geus boga program pangajaran nu bisa dipaké ku Saksi. Misalna di Brasil, kantor cabang narima bantuan jeung buku-buku ti pamaréntah, tuluy ngirimkeunana ka sidang-sidang. Di nagri-nagri séjén, Saksi kudu nyieun program pangajaranna sorangan.

 Boh lalaki boh awéwé, nu ngora atawa nu kolot, bisa miluan kelas-kelas ieu. Tujuan kelas ieu téh keur ngajarkeun jalma-jalma maca dina basana sorangan. Jadi, bisa waé aya sababaraha basa nu diajarkeun di hiji sidang.

Program nu Mantuan Jalma-Jalma

 Naon mangpaat program ieu keur jalma-jalma? Ceuk saurang Saksi ti Meksiko, ”Ayeuna urang jadi ngarti eusi Kitab Suci. Éta téh keuna kana haté. Sanggeus bisa maca, urang jadi leuwih laluasa nyarita ka tatangga sarta jadi bisa méré nyaho warta hadé ka leuwih loba jalma.”

 Program pangajaran ieu téh teu ngan saukur mantuan jalma-jalma ngarti kana Kitab Suci. Isaac ti Burundi nyarita, ”Sanggeus diajar maca jeung nulis, urang jadi leuwih ngarti hal-hal dina pangwangunan. Ayeuna urang jadi mandor dina sababaraha proyék gedé.”

Dina taun 2014, kelas maca jeung nulis dina basa Chichewa diayakeun di Balé Karajaan di Lilongwe, Malawi

 Aya deui pangalaman ti Jesusa nu asalna ti Péru. Manéhna mimiti miluan kelas maca jeung nulis waktu umurna 49 taun. Ceuk manéhna, ”Urang téh ibu rumah tangga. Mun balanja di pasar, urang kudu bisa maca harga jeung ngaran balanjaanna. Baheula mah, éta téh mani hésé pisan. Tapi sanggeus miluan kelas ieu, urang jadi leuwih percaya diri pas balanja.”

 Salila mangtaun-taun, pamaréntah di loba nagri muji Saksi Yéhuwa lantaran upaya maranéhna dina ngajarkeun maca jeung nulis ka jalma-jalma. Ayeuna, Saksi Yéhuwa masih ngayakeun kelas-kelas jiga kitu maké program jeung alat-alat nu geus leuwih alus. Maranéhna gé nyieun jeung nyitak ampir 224 juta brosur dina 720 basa keur ngajarkeun maca ka jalma-jalma atawa ngabantu nu pendidikanna rendah. a

a Misalna, aya brosur Apply Yourself to Reading and Writing (Sing Leukeun dina Maca jeung Nulis) dina 123 basa jeung brosur Dangukeun Gusti dina 610 basa.