Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

TINA ARSIP URANG

Na Saksi-Saksi Yéhuwa di Selandia Baru téh Urang Kristen nu Soléh jeung Resep Rukun?

Na Saksi-Saksi Yéhuwa di Selandia Baru téh Urang Kristen nu Soléh jeung Resep Rukun?

 Dina tanggal 21 Oktober 1940, Saksi-Saksi Yéhuwa di Selandia Baru dianggap organisasi nu dilarang jeung ngabahayakeun batur. Ku lantaran dilarang, kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa di ditu jadi hésé dilakukeun. Tapi, maranéhna tetep wani. Maranéhna tetep ibadah babarengan sanajan bisa waé digerebeg atawa ditéwak.

 Aya pangalaman ti Andy Clarke. Manéhna téh lain Saksi Yéhuwa, tapi pamajikanana, Mary, saurang Saksi Yéhuwa. Sanajan risikona gedé, Mary tetep rutin masamoan. Andy hariwang pamajikanana bakal ditéwak, jadi manéhna maturan Mary ka pasamoan, padahal biasana mah teu pernah. Andy ngomong ka Mary, ”Maenya engké Enéng ditéwak sorangan? Akang bakal maturan Enéng!” Ti saprak éta, Andy jadi rutin masamoan. Tungtungna manéhna dibaptis jadi saurang Saksi Yéhuwa. Siga Mary, kalolobaan Saksi Yéhuwa di Selandia Baru wani nyanghareupan panganiayaan salila Perang Dunya II.

Tetep Aktif Sanajan Ditahan

 Hiji poé, John Murray nu umurna 78 taun ditéwak ku pulisi waktu keur ngawawar ti imah ka imah. Pangadilan nuduh manéhna miluan kagiatan organisasi nu dilarang. Harita, puluhan Saksi séjénna ogé dibawa ka pangadilan. Aya nu didengda, aya ogé nu dipanjara nepi ka tilu bulan.

 Pamaréntah ngayakeun wajib militér. Tapi, Saksi-Saksi Yéhuwa embung miluan lantaran maranéhna hayang nuturkeun pituduh tina Alkitab. (Yesaya 2:4) Ku kituna salila mangsa perang, maranéhna jadi meunang loba tangtangan. Lantaran teu daék miluan wajib militér, kira-kira 80 Saksi ditahan di kamp-kamp husus salila perang. Basa éta téh keur usum salju, jaba maranéhna dikaniaya. Sanajan kitu, sadérék-sadérék téh tetep bungah dina ibadah ka Yéhuwa.

 Di kamp-kamp, para Saksi langsung ngatur jadwal pikeun ngalakukeun kagiatan rohani sakumaha di sidang. Maranéhna nyieun jadwal masamoan jeung ngatur supaya bisa ngawawar ka tahanan séjénna. Di sababaraha kamp, para Saksi gé diidinan ngayakeun kongrés bari ditingalikeun ku sipir panjara. Hasilna, aya sababaraha tahanan nu diajar Alkitab jeung dibaptis di kamp.

Para Saksi nu ditahan ngayakeun Sakola Palayanan Téokratis

 Andy jeung Mary nu disebutkeun di awal artikel, boga budak bungsu nu ngaranna Bruce. Bruce nganggap dipanjara téh jadi kasempetan pikeun leuwih loba diajar hal-hal rohani. Manéhna ngomong, ”Asana téh jiga keur di sakola. Abdi bisa diajar sarta ngobrolkeun loba hal jeung sadérék-sadérék nu geus pangalaman.”

 Ahirna dina taun 1944, pamaréntah hayang ngabébaskeun sababaraha Saksi nu ditahan di kamp. Tapi, pihak militér embungeun ku sabab maranéhna mikir lamun Saksi Yéhuwa dibébaskeun, maranéhna bakal terus nyaritakeun imanna ka batur. Hiji laporan nyebutkeun, ”Mémang lamun dipanjara jalma-jalma nu panatik ieu bisa tetep dikadalikeun. Tapi, éta moal bakal bisa ngarobah maranéhna.”

Lain Ancaman keur Jalma Réa

 Ku sabab dilarang, loba jalma kalah ka jadi panasaran ka Saksi-Saksi Yéhuwa. Lila-lila, loba jalma jadi apal lamun Saksi Yéhuwa téh lain ancaman keur jalma réa. Geuningan, Saksi-Saksi Yéhuwa téh urang Kristen nu resep rukun. Ku kituna, jumlah Saksi-Saksi Yéhuwa di Selandia Baru téh terus nambahan. Dina taun 1939, ngan aya 320 urang. Tapi dina taun 1945, jumlahna nambahan jadi 536 urang.

 Kadang-kadang, aya sababaraha pajabat pamaréntah nu ngarasa lamun dilarangna Saksi-Saksi Yéhuwa téh henteu adil. Aya saurang sadérék nu dibawa ka pangadilan ku sabab manéhna ngawawar, tuluy kasus éta dipariksa ku saurang hakim. Sanggeus dipariksa, hakim éta langsung ngabatalkeun kasusna. Manéhna ngomong, ”Urang geus apal pisan kana masalah hukum. Maenya ngabagikeun Alkitab dianggap kriminal? Bener-bener teu asup akal!”

 Sanggeus perang bérés, Saksi-Saksi Yéhuwa teu dilarang deui. Ku kituna, para Saksi jadi leuwih sumanget pikeun ngawartakeun Karajaan Allah ka jalma-jalma. Dina taun 1945, aya surat ti Kantor Cabang ka kabéh sidang di Selandia Baru. Eusina téh, ”Urang kudu bageur ka kabéh jalma, tapi urang gé kudu bijaksana. Ulah nepi ka paséa jeung paadu omong. Urang kudu inget, jalma-jalma nu urang wartakeun téh yakin kana agamana jeung taat ngajalankeunana. . . . Maranéhna téh domba-domba nu kudu urang bantu supaya kenal ka Yéhuwa sarta Karajaan-Na.”

 Ayeuna, Saksi-Saksi Yéhuwa di Selandia Baru terus ngawawar ka jalma-jalma jeung para turis. Sakali waktu, aya opat sadérék istri nu ngawawar di Turangi. Ngan dina sababaraha jam wungkul, maranéhna bisa ngawawar ka 67 jalma ti 17 nagri!

 Ayeuna, jalma-jalma apal Saksi-Saksi Yéhuwa téh urang Kristen nu resep rukun sarta ngahargaan pisan bebeneran Alkitab. Aya ratusan jalma nu dibaptis unggal taunna. Dina taun 2019, aya leuwih ti 14.000 Saksi Yéhuwa nu ngawula Yéhuwa di ieu nagri.

Diajar Alkitab babarengan teu lila sanggeus kagiatan Saksi teu dilarang deui, dina taun 1940

Rohangan panjara nu ngan mahi keur saurangeun di kamp North Island, Selandia Baru

The Hautu Detention Camp, North Island, Selandia Baru

Saksi-Saksi Yéhuwa tetep ngumpul sanajan dilarang dina taun 1949