Ulah Katipu ku Informasi nu Salah
Ayeuna, urang bisa gampang pisan néangan informasi, kaasup informasi nu bisa ngabantu urang supaya tetep séhat jeung aman. Tapi waktu keur néangan informasi, urang kudu ati-ati kana informasi nu salah, misalna:
Berita bohong
Laporan palsu
Sékertaris jéndral PBB méré paringetan yén salila pandémi COVID-19 ieu, aya loba berita nu teu bener. Ceuk manéhna, ”Ayeuna beuki loba saran-saran anu teu bener dina widang kaséhatan, sarta aya loba parawatan kaséhatan nu sabenerna mah nipu. Dina TV jeung radio gé, aya loba berita palsu. Dina Internét, aya loba téori konspirasi. Loba jalma nyebarkeun prasangka goréng sarta parasaan ngéwa ka sababaraha kelompok atawa sababaraha jalma.”
Sabenerna, ti baheula kénéh informasi nu salah téh geus aya. Tapi ceuk Kitab Suci, ayeuna ”jalma jahat jeung tukang tipu mah geus jahat téh bakal beuki jahat, maranéhna nyasabkeun jeung disasabkeun”. (2 Timotius 3:1, 13) Ku lantaran aya Internét, urang jadi bisa leuwih gampang jeung leuwih gancang meunangkeun informasi nu salah. Malah, urang bisa waé teu ngahaja nyebarkeun informasi nu salah lantaran urang mikir informasi éta téh bener. Dina email, média sosial, sarta berita nu ditingali ku urang dina Internét, aya loba berita bohong jeung berita nu teu sapinuhna bener.
Kumaha supaya anjeun teu katipu ku informasi nu salah jeung téori konspirasi? Perhatikeun sababaraha prinsip Kitab Suci nu bisa ngabantu.
Ulah gampang percaya kana hal-hal nu ditingali jeung didéngé ku anjeun
Ceuk Kitab Suci: ”Jalma bodo mah percayaan, ari nu binangkit mah ngawas-ngawas heula pilengkaheun.”—Siloka 14:15.
Mun teu ati-ati, urang bisa waé katipu. Misalna, ku gambar-gambar atawa vidéo-vidéo nu disebarkeun dina Internét, biasana mah liwat média sosial. Gambar-gambar jeung vidéo-vidéo jiga kitu téh sok disebut ogé meme, seringna mah dipaké keur bobodoran. Tapi, gambar-gambar jeung vidéo-vidéo téh gampang pisan diédit atawa dipotong-potong, jadi batur bisa salah paham. Malah, ayeuna mah jalma-jalma téh bisa nyieun vidéo nu némbongkeun saurang jalma keur ngomong atawa ngalakukeun hiji hal padahal mah manéhna teu pernah ngalakukeun hal éta.
”Kalolobaan informasi nu salah nu dipanggihan ku para ahli dina média sosial téh biasana mangrupa gambar atawa vidéo, jiga meme.”—Axios Media.
Pék pikirkeun: ’Naha berita nu ditingali atawa didéngé ku abdi téh berita nu bisa dipercaya atawa ngan saukur meme?’
Pariksa sumber jeung eusina
Ceuk Kitab Suci: ”Sagala hal téh kudu dipastikeun bener henteuna.”—1 Tésalonika 5:21.
Saacan percaya atawa neruskeun hiji informasi, anjeun kudu mastikeun heula informasina téh bener atawa henteu, sanajan éta keur héboh atawa anjeun geus sering ngadéngé hal éta. Kumaha carana?
Pék pariksa, sumberna téh bisa dipercaya atawa henteu. Kantor-kantor berita atawa organisasi séjén anu sok ngaluarkeun berita bisa waé méré berita nu teu sapinuhna bener pikeun kapentingan maranéhna atawa pikeun ngadukung salah sahiji pihak pulitik. Terus, babaturan anjeun bisa waé teu ngahaja ngirimkeun informasi nu salah liwat email atawa média sosial. Ku kituna, ulah asal percaya kana hiji berita lamun anjeun can mariksa sumberna.
Pék pastikeun yén eusi beritana téh bener jeung anyar. Tingali tanggalna, fakta-faktana, sarta bukti anu kuat nu ngadukung beritana. Anjeun hususna kudu ati-ati mun aya berita nu ngawartakeun hiji kajadian tapi aya loba rincian nu teu dicaritakeun. Anjeun gé kudu ati-ati lamun beritana ngajurung-jurung anjeun pikeun ngalakukeun hiji hal.
”Mastikeun bener henteuna hiji berita téh penting pisan, sarua pentingna jiga ngumbah leungeun.”—Sridhar Dharmapuri, Patugas Senior PBB di Bidang Kaamanan jeung Nutrisi.
Pék pikirkeun: ’Beritana téh fakta atawa pandangan ti jalma-jalma hungkul? Beritana téh mihak teu?’
Percaya kana fakta, lain kana hal nu dipiharep ku urang
Ceuk Kitab Suci: Jalma nu ”nurut kana pikiran sorangan bae” mah jalma bodo.—Siloka 28:26.
Biasana, urang gampang percaya kana informasi nu cocog jeung naon nu dipiharep ku urang. Pausahaan Internét sering ngirimkeun informasi-informasi nu cocog jeung nu dipikaresep ku urang atawa nu cocog jeung topik-topik nu pernah ditéangan ku urang dina Internét. Sanajan kitu, informasi nu ngeunah kana ceuli téh can tangtu bener.
”Sabenerna, jalma-jalma téh sanggup pikeun mikir sacara asup akal. Tapi kahayang, kasieun, jeung harepan sering mangaruhan jalma-jalma pikeun narima hal-hal anu sajalan jeung naon nu dipiharep ku maranéhna.”—Peter Ditto, psikolog sosial.
Pék pikirkeun: ’Abdi téh percaya kana informasi ieu lantaran ieu bener atawa lantaran ieu sajalan jeung naon nu dipiharep ku abdi?’
Tong nyebarkeun informasi nu salah
Ceuk Kitab Suci: ”Ulah ngaliarkeun beja teu puguh.”—Budalan 23:1.
Sing inget, informasi nu disebarkeun ku anjeun téh bisa mangaruhan pikiran jeung tindakan batur. Meureun anjeun teu ngahaja nyebarkeun informasi nu salah, tapi angger wéh informasi nu disebarkeun ku anjeun bisa waé ngabahayakeun batur.
”Jadi, hal nu pangpentingna saacan urang nyebarkeun informasi téh nyaéta urang kudu mikirkeun heula, ’Mémangna informasi ieu bener-bener perlu disebarkeun ka batur?’ Mun kabéh jalma mikirkeun hal éta, informasi nu salah dina Internét téh bakal jauh ngurangan.”—Peter Adams, wakil presiden senior di News Literacy Project.
Pék pikirkeun: ’Naha abdi nyebarkeun informasi ieu téh lantaran abdi yakin informasina bener?’