Saperti Kumaha Cap di Jaman Baheula téh?
Cap téh alat leutik nu diukir sarta dipaké pikeun nyieun gambar, nu biasana ditapelkeun dina taneuh liket atawa lilin. Bentukna rupa-rupa, aya nu siga hulu sasatoan, siga congcot, kotak, atawa silinder. Lamun hiji barang dicap, urang bisa apal saha nu bogana lamun ningali capna. Cap ogé bisa ngabuktikeun yén hiji surat téh asli. Cap bisa ditapelkeun dina kantong atawa lawang, misalna panto atawa jalan asup ka makam, supaya batur teu bisa asup sangeunahna.
Cap dijieun tina rupa-rupa bahan, misalna tulang, batu kapur, logam, batu semi berharga, atawa kai. Sakapeung, ngaran nu bogana jeung ngaran bapana diukir dina éta cap. Malah, aya jalma nu ngasupkeun gelar dina capna.
Pikeun ngabuktikeun yén hiji surat téh asli, nu boga cap bakal napelkeun capna kana taneuh liket, lilin, atawa bahan séjénna nu lembék di luhureun éta surat. (Ayub 38:14) Éta bahan bakal jadi heuras, mun geus kitu biasana jalma moal ngaruksak éta surat.
Cap Bisa Dipaké pikeun Méré Wewenang
Cap bisa dibikeun ka batur. Ku kituna, jalma nu narima cap éta jadi boga wewenang nu sarua jeung nu méréna. Misalna, Piraon di jaman Mesir kuno méré capna ka Yusup, urang Ibrani. Yusup nu jadi palayan di Mesir téh anakna Yakub. Harita, Yusup dipanjara sacara teu adil. Ka dieunakeun, Piraon ngabébaskeun Yusup jeung ngajadikeun manéhna perdana mentri. Ceuk Alkitab, ”Raja nyabut lelepen cap karajaan tina remana, dianggokeun ka Yusup.” (Kajadian 41:42) Lantaran dina éta lélépén, atawa cingcin, aya cap karajaan, ayeuna Yusup boga wewenang pikeun ngajalankeun tugas penting.
Ratu Isebél ti Israil kuno ngagunakeun cap milik salakina pikeun nyieun rencana rék maéhan Nabot. Manéhna nulis surat ka para kokolot ngagunakeun ngaran Raja Ahab, nu eusina nitah maranéhna nuduh Nabot ngahina Allah, padahal mah Nabot teu ngalakukeun nanaon. Manéhna napelkeun cap raja dina suratna sarta suksés ngajalankeun rencanana nu jahat.—1 Raja 21:5-14.
Raja Ahaswéros ti Pérsia ngagunakeun cingcin capna pikeun ngesahkeun surat paréntahna.—Ester 3:10, 12.
Néhémia nu nulis Alkitab nyebutkeun yén urang Léwi, para pamingpin, jeung para imam di Israil napelkeun cap maranéhna kana surat perjangjian, tanda maranéhna satujueun.—Nehemia 1:1; 9:38.
Alkitab nyaritakeun dua kajadian ngeunaan digunakeunana cap pikeun ngamankeun lawang. Waktu Nabi Daniél digebruskeun ka guha singa, ”lawang guha singana terus ditutup ku batu”. Tuluy ku Darius, Raja Média jeung Pérsia, ”batuna dicap ku cingcin raja jeung cingcin cap para gegeden, supaya ulah aya nu bisa nulungan ka Daniel”.—Daniel 6:17.
Waktu Yésus maot, mayitna digolérkeun di jero makam. Terus, aya batu nu digilindingkeun pikeun nutup lawang makam. Ku musuh-musuhna, ”makam Yesus teh diamankeun, . . . batu tutup lawangna disegel”. (Mateus 27:66) Lamun diségelna ku pamaréntah Rum, ”ségelna bisa jadi mangrupa taneuh liket atawa lilin nu ditapelkeun di antara . . . batu jeung lawang makam,” ceuk David L. Turner, saurang koméntator Alkitab waktu méré koméntar ngeunaan buku Mateus.
Lantaran cap di jaman baheula bisa méré nyaho loba hal ngeunaan sajarah, para arkéolog jeung ahli sajarah bener-bener kataji pikeun nalungtik hal ieu. Malah, aya palajaran husus nu ngajarkeun élmu ngeunaan cap, nyaéta sigilografi.