Naha Catetan Alkitab ngeunaan Pangbuangan Urang Yahudi di Babul téh Akurat?
Kira-kira 2.600 taun kapungkur, urang Yahudi ditalukkeun jeung dibawa paksa ka Babul. Di ditu, maranéhna jadi tawanan salila kurang leuwih 70 taun. Dina Alkitab, Allah geus ngaramalkeun bakal kumaha kahirupan urang Yahudi di pangbuangan, ”Maraneh kudu nyarieun imah, kudu bebetah. Kudu ngarebon, hasilna keur dahareun. Kudu karawin jeung baroga anak. . . . Kudu digarawe keur kamajuan [”ngupayakeun karukunan di”, NW] kota-kota tempat maraneh ku Kami dibuang.” (Yermia 29:1, 4-7) Naha éta kabéh bener-bener kaalaman ku urang Yahudi?
Para ahli geus mariksa leuwih ti 100 lémpéng taneuh lempung nu kapanggih di Babul kuno atawa daérah sakurilingna. Lémpéng-lémpéng éta nunjukkeun yén urang Yahudi terus ngajalankeun adat kabiasaan jeung kapercayaan maranéhna, bari tetep tunduk ka pamaréntahan Babul. Lémpéng-lémpéng nu asalna tina taun 572 nepi ka 477 SM ieu ngamuat perjangjian séwa, rencana bisnis, surat perjangjian hutang, jeung catetan kauangan séjénna. Hiji karya réferénsi nyebutkeun, ”Lémpéng-lémpéng ieu nunjukkeun yén para tawanan téh ngan rahayat biasa nu hirup di kampung-kampung: maranéhna ngebon jeung ngawangun imah, mayar pajeg, sarta ngalayanan raja.”
Lémpéng-lémpéng ieu gé ngabuktikeun yén harita aya kumpulan gedé urang Yahudi nu cicing di tempat nu disebut Al Yahudu, atawa Judahtown (kotana urang Yuda). Dina lempéng-lempéng éta gé, diukir ngaran-ngaran opat génerasi urang Yahudi, sababaraha diukir maké aksara Ibrani kuno. Saacan lémpéng-lémpéng éta kapanggih, para ahli ngan nyaho saeutik ngeunaan kahirupan urang Yahudi di pangbuangan Babul. Dr. Filip Vukosavović, anggota diréktur umum tina Lembaga Kepurbakalaan Israel (IAA) ngomong, ”Ahirna, sanggeus aya lémpéng-lémpéng ieu, urang bisa nyaho kumaha kahirupan para tawanan Yahudi, ngaran maranéhna, di mana jeung iraha maranéhna hirup, sarta naon nu dilakukeun ku maranéhna.”
Sanajan jadi tawanan, urang Yahudi masih kénéh bébas milih, rék cicing di mana jeung rék ngalakukeun naon. Ceuk Vukosavović, maranéhna ”teu ngan cicing di Al-Yahudu wungkul, tapi ogé di kota-kota séjénna”. Ti antara maranéhna gé, aya nu diajar rupa-rupa kaahlian, nu engkéna kabukti mangpaat waktu maranéhna ngawangun deui Yérusalém. (Nehemia 3:8, 31, 32) Lémpéng-lémpéng ti Al-Yahudu gé némbongkeun yén sanggeus dibébaskeun, loba urang Yahudi milih pikeun tetep cicing di Babul. Ieu jadi bukti yén kahirupan maranéhna di ditu téh cukup genah jeung tengtrem, sakumaha nu geus dicatet dina Firman Allah.