Naha Patokan Alkitab Masih Cocog keur Jaman Ayeuna?
Loba jalma, kaasup jalma-jalma nu ngaku sabagé urang Kristen, ngarasa patokan tina Alkitab ngeunaan séks jeung perkawinan téh geus tinggaleun jaman. Jadi, sababaraha garéja ngarobah pangajaranana ngeunaan nu meunang jeung teu meunang dilakukeun. Tapi, sabenerna patokan tina Alkitab téh masih cocog teu keur jaman ayeuna? Masih. Perhatikeun sababaraha alesanana.
Manusa butuh bingbingan jeung patokan ti Allah
Manusa diciptakeun pikeun nuturkeun bingbingan ti Allah Nu Nyipta. Ceuk Alkitab, manusa mah ”teu kawasa nangtukeun léngkahna”. (Yermia 10:23, Terjemahan Dunia Baru) Allah Yéhuwa a mémang méré urang kasanggupan pikeun nyieun putusan, tapi Anjeunna teu méré urang hak atawa kasanggupan pikeun nangtukeun sorangan mana nu bener jeung nu salah. Ku sabab éta, Yéhuwa hayang urang ngandelkeun Anjeunna.—Siloka 3:5.
Urang bisa néangan bingbingan ti Allah dina Alkitab. Perhatikeun dua alesan ku naon urang kudu nuturkeun bingbingan ti Allah.
Allah nu nyiptakeun urang. (Jabur 100:3) Yéhuwa téh Allah anu nyiptakeun urang, jadi Anjeunna nyaho naon anu diperlukeun ku urang supaya urang bisa séhat jeung bagja. Anjeunna gé nyaho naon balukarna lamun urang teu nuturkeun patokan moral ti Anjeunna. (Galatia 6:7) Yéhuwa téh hayang méré anu panghadéna keur urang. Éta sababna Alkitab nyebutkeun, Anjeunna téh ”anu ngawurukan ka maraneh keur kapentingan maraneh keneh, nungtun kana jalan anu samistina”.—Yésaya 48:17.
Urang bisa dibobodo ku kahayang sorangan. Loba jalma ngarasa bisa nangtukeun sorangan mana nu bener jeung nu salah, dumasar kana kahayang haténa. Tapi Alkitab nyebutkeun, haté téh ”pinuh ku tipu daya, taya papadana; hese dicageurkeunana, geus kacida parnana”. (Yermia 17:9) Lamun urang teu nuturkeun bingbingan ti Allah, haté urang bisa nungtun urang pikeun ngalakukeun hal-hal anu matak kaduhung.—Siloka 28:26; Pandita 10:2.
Naha enya para pamingpin agama meunang ngabaékeun patokan tina Alkitab?
Henteu! Dina Alkitab téh aya bebeneran ngeunaan Allah sarta naon anu dipiharep ku Allah ti diri urang. (1 Korintus 6:9-11; Galatia 5:19-23) Anjeunna hayang jalma-jalma nyaho kana bebeneran ieu. (1 Timotius 2:3, 4) Ku kituna, para pamingpin agama Kristen téh sakuduna ngajarkeun hal-hal nu sajalan jeung Alkitab.—Titus 1:7-9.
Loba jalma anu embung nuturkeun patokan moral ti Alkitab téh ngadéngékeun para pamingpin agama anu ”omonganana ngeunah kana ceuli maranéhna hungkul”. (2 Timotius 4:3) Tapi, Firman Allah geus méré paringetan, ”Cilaka maraneh! Goreng disebut hade, hade disebut goreng.” (Yesaya 5:20) Jadi jelas, Allah bakal ngahukum para pamingpin agama anu malik-malikkeun patokan ti Allah ngeunaan nu bener jeung nu salah.
Naha Alkitab téh ngajarkeun urang pikeun maksa batur ngarah boga pamikiran nu sarua jeung urang?
Henteu. Jalma-jalma anu hayang nyenangkeun Allah téh nuturkeun pangajaran jeung tuladan Isa Al-Masih. Isa ngajarkeun, murid-muridna teu meunang ngahakiman batur, tapi justru kudu nunjukkeun kanyaah jeung ngahargaan batur.—Matius 5:43, 44; 7:1.
Isa gé ngajar murid-muridna pikeun nuturkeun patokan moral ti Allah dina kahirupanana. Tapi, maranéhna gé kudu narima kanyataan mun aya anu embung nuturkeun patokan ieu. (Matius 10:14) Isa embung murid-muridna ngagunakeun pulitik atawa cara-cara séjénna pikeun maksa batur nuturkeun patokan ti Allah.—Yahya 17:14, 16; 18:36.
Naon waé mangpaatna nuturkeun patokan tina Alkitab?
Jalma anu nuturkeun patokan ti Allah ngeunaan nu bener jeung nu salah bakal ngarasakeun mangpaatna, boh ayeuna boh engké dina mangsa ka hareup. (Jabur 19:9, 12) Mangpaat-mangpaatna téh nyaéta:
a Yéhuwa téh nami Allah anu aya dina Alkitab.—Jabur 83:18, Terjemahan Dunia Baru.