Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Panganteur

Panganteur

12 Konci sangkan Kulawarga Suksés

Urang geus biasa ngadéngé carita ngeunaan kulawarga nu gagal. Tapi, kumaha carana sangkan kulawarga urang suksés?

  • Di Amerika Serikat antara taun 1990 nepi ka 2015, salaki pamajikan nu pepegatan dina umur 50 taun ka luhur ngalobaan jadi dua kalieun, jeung nu pepegatan dina umur 65 taun ka luhur ngalobaan jadi tilu kalieun.

  • Indung bapa baringung ku sabab ceuk sababaraha ahli, barudak kudu terus dipuji. Tapi ceuk nu séjén, barudak mah kudu diheurasan.

  • Barudak ngora teu siap jadi jalma déwasa nu suksés.

Sabenerna . . .

  • Perkawinan bisa bagja jeung langgeng.

  • Indung bapa bisa diajar pikeun ngadisiplin barudak ku kanyaah.

  • Barudak ngora bisa boga sipat-sipat jeung kamampuh nu dibutuhkeun pikeun jadi jalma déwasa.

Majalah Éling! ieu bakal ngabahas 12 konci sangkan kulawarga Sadérék suksés.