1 Na Urang Sangsara téh Gara-Gara Gusti?
Urang Kudu Nyaho Jawabanna
Loba jalma geus embung ibadah ka Gusti sabab mikir Gusti nu nyababkeun manusa sangsara.
Pikeun Dipikirkeun
Boh blak-blakan boh henteu, loba pamingpin agama ngajarkeun yén Gusti téh nyababkeun urang sangsara. Misalna, aya nu ngomong:
-
Musibat alam téh hukuman ti Gusti.
-
Budak leutik maot sabab Gusti butuh leuwih loba malaikat di sorga.
-
Perang diridoan ku Gusti, padahal éta téh nyababkeun kasangsaraan nu parah.
Tapi, kumaha mun nu diajarkeun ku para pamingpin agama ngeunaan Gusti téh salah? Na urang masih bisa percaya ka maranéhna?
TÉANGAN LEUWIH LOBA
Tongton vidéo Ku Naon Perlu Diajar Kitab Suci? dina jw.org/su.
Ceuk Kitab Suci
Gusti teu nyababkeun urang sangsara.
Mun Gusti nyababkeun urang sangsara, éta teu sajalan jeung sipat-sipat Gusti nu disebutkeun dina Kitab Suci. Misalna:
”PANGERAN teh . . . adil sampurna dina saniskara. . . . Lempeng bener sagala damel-Na.”—PAMINDO 32:4.
”Allah Nu Maha Kawasa pamohalan kaliru.”—AYUB 34:10.
”Nu Maha Kawasa tara teu adil.”—AYUB 34:12, Terjemahan Dunia Baru.
Gusti geuleuh ka agama-agama nu ngajarkeun hal nu teu bener ngeunaan Mantenna.
Misalna, ka agama nu ngajarkeun yén Gusti nu nyababkeun urang sangsara jeung agama nu ngadukung perang jeung kakerasan.
”Eta nabi-nabi ngabarohong bari mamawa ngaran [Gusti]. Kami mah henteu ngutus maranehanana, henteu nitah nanaon, sakecap ge Kami henteu nitip timbalan atawa parentah. Sagala tetenjoan anu diwejangkeun ku maranehna lain ti Kami. . . . Ngan jijieunanana bae.”—YERMIA 14:14.
Nabi Isa ngutuk agama-agama nu munapék.
”Lain anu ngan semet nyambat ka Kami: ’Gusti, Gusti!’ anu bakal asup ka [Karajaan sawarga] teh, tapi anu ngalampahkeun pangersa Ama Kami nu di sawarga. Dina Poe Kiamat loba nu bakal ngaromong ka Kami, ’Gusti, Gusti! Ku pajenengan Gusti abdi parantos ngadongkapkeun amanat Allah. Ku pajenengan Gusti abdi nundung setan-setan sareng ngayakeun mujijat-mujijat!’ Ku Kami bakal diwalon, ’Kami teu wawuh ka maraneh. Geura nyalingkir, eh durjana-durjana!’”—MATEUS 7:21-23.