Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

TINA ARSIP URANG

”Iraha Atuh Urang Kongrés Deui?”

”Iraha Atuh Urang Kongrés Deui?”

HARITA téh ahir Nopémber 1932 di Mexico City, kota nu dicicingan ku sajuta jalma. Saminggu kamari, éta kota géhgér ku lampu stopan nu kakara dipasang. Tapi, ayeuna para wartawan geus sibuk ku hal séjén. Maranéhna geus siap jeung kamérana di stasion karéta ngadagoan tamu istiméwa. Tamuna téh Joseph F. Rutherford, présidén Watch Tower Society. Para Saksi di dinya ogé ngabagéakeun datangna Sadérék Rutherford nu bakal hadir di kongrés tilu poé.

Sanajan ieu téh kongrés leutik nu hadirinna ngan 150 jalma, The Golden Age nulis, ”Geus tangtu ieu kongrés bakal dicatet dina sejarah” mekarna bebeneran di Meksiko. Jadi, ku naon ieu kongrés téh sakitu pentingna?

Saméméh éta kongrés, ngan aya saeutik Saksi di Meksiko. Ti saprak 1919, geus aya kongrés-kongrés leutik, tapi sanggeusna taun éta, jumlah sidang téh kalah ka ngurangan. Basa kantor cabang diadegkeun di Mexico City taun 1929, katingalina téh kaayaan bakal leuwih alus, tapi tetep waé aya tangtangan. Organisasi méré pituduh sangkan para kolportir, atawa panaratas di jaman éta, ulah ngawawar bari dagang. Saurang kolportir ambek nepi ka kaluar ti organisasi jeung nyieun sorangan kelompok diajar Alkitab. Harita ogé, pangawas cabang kudu dieureunkeun lantaran lalampahan manéhna teu luyu jeung Alkitab. Jadi, para Saksi nu satia di Meksiko perlu dikuatkeun.

Sadérék Rutherford nguatkeun maranéhna liwat dua hutbah nu nyumangetan di kongrés sarta lima caramah nu disiarkeun di radio. Kakara harita sadérék-sadérék ngagunakeun radio pikeun nguarkeun warta hadé ka saantéro Meksiko. Sanggeus kongrés, saurang pangawas cabang nu anyar dilantik pikeun ngaorganisasi kagiatan. Ku berkah Yéhuwa, para Saksi jadi kagedur sumangetna jeung terus ngawawar.

Kongrés taun 1941 di Mexico City

Dina taun 1933, dua kongrés diayakeun di nagri éta, nyaéta di Veracruz jeung di Mexico City. Para sadérék getol ngawawar jeung alus hasilna. Misalna, taun 1931, ngan aya 82 pawarta. Tapi dina taun 1941, jumlahna jadi sapuluh kalieun! Kira-kira 1.000 jalma datang ka Kongrés Téokratis taun 1941 di Mexico City.

”JALAN-JALAN DISERBU”

Taun 1943, Saksi-Saksi ngabéwarakeun Kongrés Téokratis ”Bangsa nu Merdéka”, nu bakal diayakeun di 12 kota di Meksiko. * (Tingali catetan handap.) Maranéhna maké poster ”sandwich” (roti tangkep). Éta téh dua poster gedé nu disambung tuluy digantung dina taktak. Hiji poster di dada, hiji poster deui di tonggong. Para Saksi geus ngagunakeun poster siga kieu pikeun ngabéwarakeun kongrés maranéhna ti saprak 1936.

Foto para sadérék nu maké poster ”sandwich” dina hiji majalah taun 1944

Béwara maké poster ”sandwich” di Mexico City alus pisan hasilna nepi ka majalah La Nación nulis ngeunaan para Saksi nu hadir, ”Di poé kahiji, maranéhna dijurung pikeun ngondang leuwih loba jalma. Ari isukna, gedong téh pajejel ku jalma.” Garéja Katolik keuheul ningalina, jadi maranéhna nyieun tindakan pikeun ngalawan para Saksi. Tapi, dulur-dulur urang teu sieun. Maranéhna terus ngabéwarakeun kongrés éta. Artikel La Nación séjénna ngalaporkeun, ”Sakuliah kota ningali maranéhna . . . boh lalaki boh awéwé, jaradi ’sandwich’ nu ngabéwarakeun.” Éta artikel ogé ngamuat gambar sadérék-sadérék di jalan-jalan Mexico City. Di handapeun gambar éta aya katerangan: ”Jalan-jalan diserbu.”

KASUR NU ”LEUWIH EMPUK JEUNG LEUWIH HANEUT TI BATAN LANTÉ SEMÉN”

Di taun-taun éta, loba Saksi kudu nyieun pangorbanan pikeun hadir di kongrés nu ngan diayakeun di sababaraha tempat di Meksiko. Loba sadérék daratang ti désa nu mencil, nu jauh ti jalur karéta jeung jalan raya. Hiji sidang nulis, ”Hiji-hijina nu ngaliwatan ieu kota téh ngan kabel télégram.” Jadi, dulur-dulur urang kudu numpak bigal atawa leumpang sababaraha poé sangkan bisa numpak karéta ka kota kongrés.

Kalolobaan Saksi téh miskin jeung ampir-ampiran teu bisa indit ka kongrés. Sanggeus nepi, loba nu mondok di imah-imah Saksi nu mikanyaah jeung ngabagéakeun maranéhna. Aya ogé nu mondok di Balé Karajaan. Pernah aya 90 sadérék nu mondok di Bétel. Maranéhna saré di luhureun dus-dus buku. Yearbook nyaritakeun lamun maranéhna nganuhunkeun lantaran dus-dus éta ”leuwih empuk jeung leuwih haneut ti batan lanté semén”.

Keur sadérék-sadérék éta, pangorbananana teu sabanding jeung bungahna bisa ngumpul jeung dulur-dulur saiman. Kiwari, aya leuwih ti 850.000 Saksi di Meksiko nu boga parasaan nu sarua. * (Tingali catetan handap.) Laporan ti 1949 Yearbook nyebutkeun yén tangtangan nu disanghareupan ku sadérék-sadérék henteu ngaleutikkeun sumanget pikeun ngalalayanan Yéhuwa. Unggal kongrés jadi ”hal nu teterusan diobrolkeun” ku sadérék-sadérék. Sadérék-sadérék sering nanya, ”Iraha atuh urang kongrés deui?”​—Tina arsip urang di Amerika Tengah.

^ par. 9 Numutkeun 1944 Yearbook, Saksi Yéhuwa jadi kasohor di Meksiko lantaran kongrés ieu.

^ par. 14 Di Meksiko, 2.262.646 jalma hadir di Pangéling-ngéling taun 2016.